IBX582A8B4EDEABB Jurig Bendungan Walahar (Tribun Jabar, Selasa - 8 April 2014) | Info Absurditas Kata Jurig Bendungan Walahar (Tribun Jabar, Selasa - 8 April 2014) - Info Absurditas Kata
Beranda · E-Mail Koran · Info Lomba · Kiat Menulis · Adsense · SEO Youtube · Jasa · Toko · Blog

Jurig Bendungan Walahar (Tribun Jabar, Selasa - 8 April 2014)

Jurig Bendungan Walahar


absurditasmalka.blogspot.com

            Burinyai, jekék! Burinyai, jekék!
            Teu bosen-bosen, Isah popotoan, moto cai nu nyirorot ninggang leuwi, jelema-jelema nu keur cinutrun ngadadagoan jeujeur useup, écéng gondok nu ngahunyud, pasawahan nu ngémploh, bendungan batu titingal Walanda, kabéh taya nu kaliwat dipotoan. Sakapeung manéhna gé hayang dipoto, ménta dipangmotokeun ka kuring, tuluy manéhna ngagaya bari nyolok pipi ku curuk dibarung imut nu nyari. Jekék!
            “Nyai, hayu mulang, tos sonten.” Kuring mairan Isah nu keur anteng motoan lauk paray di sisian Citarum.
            “Kéla Pa, pameng, nuju moto lauk.” Isah teu nolih, hayoh baé ngungudag lauk di sisian bénténg. Jekék! Jekék! Jekék!
            “Tos ah, popotoanna tos cekap, karunya laukna isineun.” Kuring ngajurungkunung tuluy leumpang ngadeukeutan Isah.
            “Euh Bapa mah, mani énggal-énggalan ameng téh, resep kénéh.” Isah ngaheruk.
            “Tos sonten, karunya Mamah ngantosan di bumi.” Kuring ngolo Isah, bari leungeun ngaragamang rék mangku manéhna, ngajak balik.
            “Hayu atuh.” Isah ngépéskeun leungun kuring, tuluy ngingkig tiheula muru motor nu ngajugrug handapeun tangkal angsana. Ambek siganamah budak téh, resep kénéh ulin tapi geus diajak balik.
***
            Isah galécok cacarita ka indungna, sagala dicaritakeun. Malah mah kuring nu tadi soré ngahéotan wanoja rada hérang gé dicaritakeun. Atuh puguh, pingping kuring dihakan ku ciwit leutik indung budak. Rasana pohara pahang, néwéwét, peureus tur peurih, ninggalkeun kulit nu geuneuk.
            “Duh, kunaon sok tara pupuguh ieu téh cuwat-ciwit?” Kuring muringis nahan kapeurih.
            “Ngahéotan saha tadi?” Indung budak molotot, panonna méh kaluar kabeh.
            Jep, kuring jempé, teu némbal, moal matak bener mun dituluykeun. Kuring nyenghél bari ngararasakeun kanyeri na pingping sorangan. Isah mupuas bari curuk jeung jempolna utek-utekan, rék nambahan nyiwit kuring “Badé ditambihan deui ciwitna, Pa?” Ceuk Isah bari ngasongkeun ramo rék nyiwit.
            “Tambahan deui wéh, Néng, sing tarik kadinya.” Indung budak méré komando, bangun nu hayang puas. Isah tuluy ngarontok kuring, nyiwitan awak kuring sakarepna.
            “Ampun, moal sakali-kali deui. Ampun,” Kuring teu eureun gugurubugan diciwitan waé ku Isah, lumayan nyeri budak téh nyiwitna. Indung budak mah haré-haré baé teu nulungan bangun nu atoh. Manéhna jongjon mukaan poto-poto Isah.
            “Néng, ieu saha?” Indung budak némbongkeun hape ka Isah, tarangna kerung, curukna nunjuk ka gambar aki-aki nu maké baju bodas di tukangeun Isah.
            “Duka atuh, saha nya?” Isah ogé milu kerung. Tuluy nelek-nelek jirim aki-aki nu méh aya dina sakabéh poto.
            Aki-aki téh katara geus kolot pisan, pipina karijut tur lalémong, panonna deklok semu ngahelob ka jero. Gayana angger, saru baé, nangtung bari kundang iteuk.
            “Siga nu ngahaja hayang milu dipoto aki-aki téh.” Indung budak ngomong sorangan beuki seukeut nelek-nelek poto.
            “Saha nya Pa? Asa teu ningal aki-aki da tadi téh.” Isah némbongkeun poto na hapé bari tutunjuk ka gambar aki-aki.
            “Batur. Hoyong kapoto wé éta mah meureun.” Kuring ukur ngarérét, teu pati purun nelek-nelekna gé. Teu pikabitaeun siga mojang nu tadi soré dihéotan.
            “Asa anéh dangdananna, siga opas jaman Walanda.” Indung budak gagaro teu ateul, panonna angger mencrongkeun poto.
            “Keur kampanye meureun.”Ceuk kuring, sakainget.
            “Piraku kampanye ngadon nutur-nutur kaméra. Geuning si aki téh ampir aya dina kabéh poto.”
            “Boa-boa jurig.” Kuring ngabirigidig  “Hiiiiiiiiiiiiy… Amit-amit.”
Isah jeung indungna ngiluan ngabirigidig. Kuring nelek-nelek beungeut éta aki-aki, teu kawawuhan teuing saha. Beungeut aki-aki téh asa geueuman.
***
            Bulan purnama ngagayot di jomantara, nyimbeuhan peuting ku kumilang cahaya. Hawar-hawar anjing babaung. Sorana  bangun peura, bangun ngarasula, nyalukan bulan nu teu nolih ka manéhna.
            “Asa bau menyan nya Pa?” Isah usad-usud irungna endut-endutan ngambeuan angin di jero imah.
            “Enya, bau menyan.” Ceuk indung budak saruana.
            “Bau goréng témpé meuren.” Weléh, kuring mah teu ngambeu nanaon. Nu kebek na irung ukur seungitna goréng témpé nu geus nampeu na méja makan.
            “Euh, Bapa mah irungna linglung.” Isah protés.
            “Leres, Bapa mah teu ngangseu bau menyan.” Kuring miluan asad-usud, angger baé teu ngambeu menyan.
            “Piraku?” Indung budak cangcaya.
            “Ari ngarambuan waé menyan mah iraha atuh badé taruangna? Hayu ah, lapar Bapa mah.” Kedewek kuring nyiuk sangu sapiring mentung, ditimpa ku sambel goang meunang ngucuran limo, dipeupeuh ku goréng témpé 3 keureut, tur lauk jaér anyar ngagoréng nu gedéna aya kana lima ramo.
            “Éta atuh Pa, sayur haseumna sakantenan.” Isah nyogrogkeun mangkok badag eusi sayur haseum “Bapa mah kabiasan, pami badé tuang téh tara ngadoa heula.” Isah nyawad kuring nu geus cacamuilan ngahékak daging lauk.
Isah cinekul ngadoa, leungeunna namprak bari ngacung, kitu deui indungna. Kapaksa kuring nurutan bari kumétap melongkeun goréng lauk jaér nu girinyih.
            “Amin…” Ceuk kuring, barang Isah ngusap beungeut. Seleweg daging lauk jeung témpé diablemkeun, nikmat naker.
            Rekééééééééét. Kuring ngadéngé sora ponta hareup muka, padahal panto téh geus dikaroncian kabéh. Geus kabiasaan, ti wanci magrib panto téh kudu dikaronci.
            “Néng, panto teu dikonci?” Kuring neuteup ka Isah.
            “Dikonci Pa, saha atuh nu kalebet?” Paroman Isah katara sepa.
            Gebrug!
Panto dibantingkeun kana témbok, kuring jeung anak pamajikan ngarénjag, tuluy carengkat tina korsi muru rohangan tamu.
“Nutup da panto téh, ngonci.” Kuring ngutek-ngutek gagang panto, pageuh kabéh gé.
            Kedepruk, kedepruk, kedepruk.
Atra, kuring ngadéngé sora nu leumpang di dapur. Isah jeung indungna gé sarua ngadédéngékeun éta sora bari ngararompod. Beungeutna sarepa.
            “Saha éta?” Kuring rada ngahordah, bari ngojéngkang ngajéwang rancatan nu nyarandé di gigireun lomari pajangan. Keteyep kuring leumpang ka dapur, taki-taki.
            “saha?” Kuring ngahordah deui.
            Simpé taya nu némbalan, kuring culang-cileung niténan dapur, taya sasaha. Biricit kuring ka kamar, suwung. Biricit deui ka tepas, sarua baé. Euweuh jelema asup, tadi saha atuh nu leuleumpangan di dapur?
“Aya saha, Pa?” Indung budak ngagorowok ti patengahan.
“Euweuh sasaha.” Kuring balik deui ka patengahan. Rey, bulu punduk karasa ting puringkak, maruriding.
***
            Isah jeung indungna geus ngararingkeb di kamar, pajar téh keueung cénah. Peuting ayeuna asa geueuman, duanana ting sarempod dina jero simbut. Kuring mah jongjon baé lalajo bola na tipi.
            Dog dog dog! Dog dog dog!
            Panto digegedor ti luar, kuring curinghak. Ragamang leungeun ngajéwang rancatan nu geus disadiakeun gigireun tipi. Kuliwed ka tukangeun panto, lalaunan nyingraykeun hordéng, ngintip ka tepas.
            “Aéh, saha éta, ssa kungsi ningali kana beungeutna mah.” Kuring teu gagancangan muka panto, ngadon hayoh baé nelek-nelek beungeut manéhna. Aki-aki nu ngabedega di luar ngagegedor deui.
            “Saha?” Ceuk kuring hayang puguh saha manéhna.
            “Abah.” Aki-aki némbalan, sorana peura.
            “Abah saha?”
            “Abah Anta.”
            Kuring ngahuleng, teu wawuh kana ngaran nu bieu disebutkeun. Aki-aki nu pangkolotna di lembur téh Abah Emad, tapi teu kolot-kolot teuing siga manéhna jeung tara mamaké iteuk.
            “Punten Jang, Abah badé muntang tulung.” Sora aki-aki kadéngé haroshos. Kuring éléh géléng, antukna panto dibuka lalaunan. Rancatan ditunda tukangeun panto, kuring ngabedega di lawang. Aki-aki melong seukeut ka kuring, haté ngadadak leumpeuh, nu tadina pinuh ku rasa curiga dadak sakala jadi soméah.
            “Kalebet Bah, mangga calik?” haté kuring ngadadak leumpeuh, bangun nu kena ku tenung, ujug-ujug baé nitah manéhna asup ka jero imah. Goloyoh baé Abah Anta asup, tuluy diuk ngabaheuhay dina korsi sopa.
            “Aya peryogi naon Bah?” kuring gagancangan nanya manéhna.
            “Tadi beurang, Abah téh ngilu popotoan jeung Isah, tos dicitak teu acan potona? Pami atos Abah badé nyuhunkeun.”
            Gebeg, kuring ngarénjag. Geuning enya, éta jelema téh beungeutna ceplés jeung aki-aki na poto, pantesan asa pernah ningali beungeutna. Boa-boa manéhna téh jurig.
            “Lain, Abah mah lain jurig.” Abah Anta bisa maca gerentes haté kuring. Rey, bulu punduk beuki nyarewud, ting sariak. “Cikan, mana poto téh?” Abah Anta ngasongkeun leungeun hayang ningali poto.
            “Antosan sakedap Bah, badé dicandak heula.” Ahéng, suku kuring lir aya nu metot, ujug-ujug ngaléngkah ka kamar, rék nyokot hapé Isah. Serebeng, kuring ngambeu bau menyan, mabek.
***
            “Poto téh teu dicitak Bah, mung disimpen baé na hapé.” Kuring nyogrogkeun hapé ka Abah Anta.
            “Abah mah hayang nu meunang nyitak, teu bisa hahapéan kolot mah.” Abah Anta katara kuciwa, hapé nu diasongkeun teu dipaliré.
            “Teu tiasa Bah, da émang tara dicitak.” Hapé teu jadi dipasrahkeun, dikeukeupeul baé pageuh nakeran.
            “Ari kitu mah, wayahna si Nyai dibawa ku Abah, tukeur jeung poto, nya.” Abah Anta cengkat, tuluy ngoloyong leumpang muru panto, teu nolih ka kuring nu colohok ngembang kadu. Rekééééééét panto dipeundeutkeun. Les, Abah Anta teu katingali deui, teuing leungit teuing pédah kahalangan panto.  Serebeng deui baé, kaambeu bau menyan, leuwih mabek.
            “Astagfirullah…” Kuring ngarénjag, kakuatan tenung geus leungit. Koréjat kuring hudang, tuluy ngabelecet ka kamar.
“Isah? Isah?” Kuring nyingkabkeun simbut. Da tadi mah manéhna téh ngahaja ngaringkeb jeung indungna, nyarempod dina jero simbut.
            Bréh, na jero simbut ukur aya indungna, Isah leungit teuing ka mana. Kuring neuteup hapé, neuteup poto, gambar aki-aki kundang iteuk katémbong mésem. Rey, bulu punduk ting puriding, maruringkak. Selengseng kaambeu bau menyan. Anjing teu eureun babaung, manting.

Karawang, 3 April 2014

Artikel keren lainnya:

Belum ada tanggapan untuk "Jurig Bendungan Walahar (Tribun Jabar, Selasa - 8 April 2014)"

Post a Comment

Berkomentar memakai akun Blogger akan lebih cepat ditanggapi, berkomentar memakai akun Facebook tergantung radar :D Terima kasih telah berkomentar