IBX582A8B4EDEABB Silalatu di Langit Ciampel (Galura, Kamis - 27 Juni 2013) | Info Absurditas Kata Silalatu di Langit Ciampel (Galura, Kamis - 27 Juni 2013) - Info Absurditas Kata
Beranda · E-Mail Koran · Info Lomba · Kiat Menulis · Adsense · SEO Youtube · Jasa · Toko · Blog

Silalatu di Langit Ciampel (Galura, Kamis - 27 Juni 2013)




            Langit Ciampel taya aling-aling, éstu bulao lir cangkang endog meri. Gacipét silih udah jeung baturna, kakalayangan di awang-awang tuluy nyirorot eunteup na régang jéngjén. Panon poé anjeucleu luhureun pucuk daun cau, sinarna gumilang ting borélak nyalusup ka rohang dapur, ngaliwatan érang-érang.
       “Peuyeum geus dibungkusan, kari ngéntépkeun. Gancang bisi kaburu beurang.” Ceuk Janim ka pamajikanna, Ati.
            Teu talangké, Ati ngéntépkeun peuyeum sampeu nu geus dibungkus ku daun tisuk, diéntép na jero dingkul nepika mucung. Sanggeus bérés, dingkul sagedé beuteung munding dipangku, tuluy diais na cangkéng kénca. Teu ieuh katara beurat, bubuhan geus biasa uas-ais barang nu bareurat.
“Béak teu béak, mun geus bedug gancang balik.” Janim papatah, daria. Ati ukur unggeuk bari amitan.
Dagang peuyeum geus jadi pakasaban Janim jeung Ati. Salian ti tani, duanana parigel dadagangan, boh dagang peuyeum sampeu, béas, lalab-lalaban, atawa hateup eurih welitan. Kumaha usumna, mun keur ramé sampeu, nya dagang peuyeum sampeu. Mun usum panén nya dagang béas. Ari dagang hateup  eurih jeung lalab mah kumaha pesenan, da éta mah euweuh usumna.
Sanggeus pamit, Ati kebat mapay jalan satapak nu brasna ka pasar Kosambi. Kangaranan pasar tangtu loba jalma, tangtu teu hésé ngadagangkeun peuyeum sadingkul baé mah. Kitu ceuk pikir Ati, pinuh harepan. Biasana mah manéhna  tara ka pasar, ku diiderkeun ti lembur ka lembur gé, peuyeumna amrin baé. Tapi poé ayeuna Ati boga pamikir séjén, mun payu jiga kamari, manéhna rék balanja lauk asin jeung uyah. Améh rada murah mun balanjana di pasar mah.
            Sanggeus Ati ngiles dilegleg péngkolan di tungtung lembur. Janim nyalukan anak-anakna, rék dibawa ka kebon “Sali… Neri...”
            Teu kungsi lila Sali jeung Neri ting kurumuy ti pipir imah, awakna karambuy dipulas ku lebu. Duanana keur raresep ngala undur-undur, rék isuk-isuk rék beurang, méh taya reureuhna ngalaan undur-undur, diwadahan kana batok, cénah mah jang parab manuk.
            “Indit ayeuna Bah?” Ceuk Sali.
            “Enya, hayu burukeun.”
            “Kéla Bah. Nunda heula batok.” Sali ngalacat naék ka ambén, batok eusi undur-undur ditunda di jero kandang manuk.
***
Sanggeus ngaliwatan mumuntuk pasir nu linduh, maranéhna bakal anjog di hiji pakebonan nu gegek ku palawija jeung tangkal bungbuahan. Di tengah-tengah kebon aya saung ranggon nu kawilang luhur, kira-kira 5 méter jangkungna.
            “Bah, sawo deukeut sumur aya nu asak can?”
            “Ledis! Ludes ka pentil-pentilna.” Témbal Janim bangun nu keuheul.
            Sanggeus anjog ka kebon, enya baé tangkal sawo téh geus bulistir, ukur nyésakeun daun. Kitu deui tangkal bungbuahan nu séjén, taya nu nyésa.
            “Caricing di saung, ulah ka mamana. Ulah garandéng.”
            “Enya Bah.” Sali jeung Neri némbalan bareng, bari arunggeuk.
Duanana tuluy ngajalémprak na ambén. Neri ngeupeul golék daun sampeu, Sali ngeupeul bebedilan tina palapah cau. Barudak duaan guntreng di saung ranggon, ngawangkong jeung cocoan séwang-séwangan, tapi taya nu wani nyoara tarik da geus dipeuseun ku Janim ngarah jempé.
            Janim tonggoy narukan pucuk daun sampeu jang jualeun ka pasar, tuluy diwadahan kana carangka. Salian ti pucuk sampeu, manéhna ogé ngala pucuk médé, rupa-rupa lalab nu laku dijual mah taya nu kaliwat, kabeh ditaruk, diwadahan kana carangka.
            Reg, Janim ujug-ujug ngaheneng, awakna teu usik, ceulina rancung ngadédéngékeun sora sapatu nu ting kedepruk. “Balai…” Janim ngagerentes. Awakna dongko, panonna mencrong ka belah kulon niténan gupitan nu nojo ka kebon manéhna. Ceulina beuki rancung, ngadédéngékeun sora sapatu nu hawar-hawar. Tina sorana, jumlah jalma téh, tangtu leuwih ti sapuluh urang. Ceuli Janim lain ceuli jalma ilahar, éstu seukeut lir kalong. Bubuhan ceuli nu geus kalatih, ceuli nu bisa nganyahokeun baraha jumlah jelema tina sora léngkahna.
            “Cilaka dua belas. Anak aing di saraung kénéh.”
Belesat! Janim lumpat muru saung ranggon, kalacat naékan tarajé. Awakna leuwih hampang ti kapas, teu kadéngé sorana, teu kaciri gerakanna.  Teu kanyahoan datangna, Janim ujug-ujug geus dongko dina ambén saung. Barudak nu keur anteng ngomé cocoan, geus surti, maranéhna tuluy dariuk bari marubus kana dada Janim nu sila di tengah saung.
            Di handapeun saung ranggon, 13 lalaki nu kabéh nyoréndang bedil tur mawa bedog, ting kuciwes haharéwosan jeung papada baturna. Najan ukur haréwos tapi ceuli Janim bisa ngadéngé omonganna.
            “Roris saungna, sigana aya jalma di dinya.” Ceuk salah sahiji lalaki nu sorana peura.
            Lalaki nu rada tékél ngalacat naékan saung, sabeulah leungeunna nyekelan tarajé, sabeulah deui ngokang bedil. Janim teu geumpeur, manéhna peureum bari biwirna kunyam-kunyem mapatkan élmu panemu jampé pamaké, ngetrukkeun pangabisa.
            “Kosong!” Ceuk lalaki tékél, bari ngarérét ka baladna nu di handap, tétéla di saung taya jalma, ukur ambén kosong jeung golék daun sampeu di belah juru. Sanggeus yakin, lalaki tékél turun deui. Tuluy ngaleut deui ka lembur jeung balad-baladna ninggalkeun pakebonan.
            “Bah. Jelema tadi téh lolong?” Ceuk Sali bari kerung.
            “Lolong sigana mah, geuning teu nempo ka urang tiluan.” Témbal Janim bari seuri leutik.
            Gorombolan DI geus jauh, geus teu kadéngé sorana, geus teu kaambeu bauna. Janim jeung barudakna gagancangan turun, tuluy baralik ka lembur.
***
            Panon poé geus ngised, geus ngaliwatan embun-embunan. Janim baralik deui ka lembur, Sali jeung Neri diasupkeun kana carangka, ditutupan ku daun sampeu meunang ngunder, duanana taya nu nyoara, ngahéphép caricing, teu kecét-kecét.
            Jalan balik nu diliwatan lain jalan biasa, Janim ngahaja nyungsi jalan leutik nu rada malipir. Najan jauh tapi ka dinya mah tara aya goromoblan  DI, da teu arapaleun, sabab éta mah jalan satapak paranti liliwatan paninggaran moro bedul atawa mencek nu arang langka ka saba ku jelema.
            “Kahuruan…”  Janim ngagerentes sorangan, panonna neuteup haseup hideung nu ngelun di langit luhureun pilemburan. Haté Janim geus teg, éta haseup lain haseup biasa, lain haseup durukan atawa haseup dapur, tapi haseup kahuruan. Moal salah deui, tangtu éta seuneu dibalukarkeun ku gorombolan DI nu nyieun kakacoan di lembur.
            Salian haseup nu ngelun, Janim bisa nempo ti kajauhan seuneu nu ngagebur ngaduruk imah-imah di lembur. Gebeg, manéhna reuwas, palangsiang imahna nu diduruk téh.
            “Nyarekelan nu pageuh.” Janim nepak carangka méré tanggara ka anak-anakna supaya nyekel carangka leuwih pageuh. Gep, gep, Sali jeung Neri nyarekel caragka sateker kebek.
Dibarung ku élmu silat nu luhung tur élmu ngahampangkeun awak nu masagi, Janim lumpat tarik mapay jalan satapak. Carangka nu dieusian ku budak jeung daun sampeu, teu ieuh jadi bangbaluh. Janim lir kapas, kakalayangan ngaluncatan catang, rungkun, jeung lombang.
            Beuki lila Janim beuki deukeut ka pilemburan, seuneu katémbong ngabebela, ngaduruk imah, leuit, kandang munding, paranjé, sagala diduruk. Silalatu ting kalayang di jomantara, pagalo jeung haseup hideung nu ngelun di awang-awang.
            Kuliwed, Janim nyumput tukangeun ronggos awi. Sup, manéhna asup ka guha nu buni. Saliwat mah moal aya nu nyaho yén di dinya aya guha. Sabab lawangna katutupan ku areuy nu rembet.
Cag, carangka diécagkeun.
“Mun Abah can balik deui, maranéh caricing baé, nya.” Ceuk Janim ngaharéwos ka Sali jeung Neri nu nyalopa di jero carangka, dirurub ku daun sampeu. Sanggeus barudak disumputkeun di tempat suni, Janim ngabelesat deui baé, ngadeukeutan lembur nu teu jauh ti leuweung awi.
Lalaki nu samakta ku pakarang jeung bedil, ting haraok bari ngaduruk imah-imah warga. Saung Janim ogé sarua, dialungaan seuneu, dirérab ku colén nu ngagegedur.
            Puuuuh… puuuuh… puuuh…
Janim niup-niupkeun angin tina biwir ka palebah imahna nu keur dirérab. Seuneu ngadadak teu walakaya, teu neurak dipaké ngaduruk imah. Minyak tanah diawurkeun kana eurih jeung bilik, colén diasongkeun deui, weléh teu daék neurak. Imah Janim teu kaduruk, teu méhong-méhong acan.
 “Tuman mangkeluk téh, kudu diwarah ku aing!” gerentes Janim bari niténan gorombolan.
            Jorélat! Janim ngajelepung ninggalkeun panyumputan. Dina gerakan nu ukur sakolépat, Janim geus asup ka tengah-tengah lembur nu ditingker ku welasan gorombolan DI.
            “Maranéh sakabéh geus ngaleuwihan wates, saha nu hayang kojor ti heula, lawan aing!” Janim ngabedega di tengah-tengah pakalangan, tenang, teu gimir komo geumpeur. Geus kauntup ku Janim, gorombolan DI téh bolostrong kabéh, nyanghareupan welasan jelema jiga kitu mah moal matak ngésang.
            Gorombolan nu keur ting cakakak ngadadak jempling. Asa kakarak ayeuna aya jelema nu wani ngalawan, bari ngan ukur sorangan.
            “Kepung euy! Hayang modar yeuh jelema téh.” Lalaki nu sorana peura, méré komando ka papada baladna.
            Tilu welas lalaki nu samakta ku bedil, nguriling ningker Janim. Aya nu nyekel bedog aya ogé nu ngokang bedil gaplék.
            Duarrr!
Bedil dibekaskeun, pélor ngebelesur muru kekemplong. Janim ukur seuri, teu katingali ngagiwar atawa ngajaul nyingkahan pélor. Manéhna cicing baé, ngabedega kalayan tenang.
 Belentrang, pluk.
Pélor lir neunggar waja, timah panas murag di luhureun lebu. Duaarrr!! Duarrr!!! Bedil séjén ting beledur, pélor ting belesat hayang nyégét awak Janim. Tapi nu dibedilan ukur nyenghél, pélor nu rohaka taya hartina, rapluk luhureun taneuh. Janim teu kérél-kérél, teu cécél, teu bocél.
        “Lakadalah, neunggar cadas.” Ceuk si Tékél, haténa mimiti gimir ningali Janim nu teu réngrot dibedilan.
            “Geus béak can pélorna, euy? Naha ngajaredog…”
Janim melongkeun gorombolan, dipapay hiji-hiji. Leungeunna nu ti tadi nangkeup harigu, ayeuna mah nulak cangkéng.
“Bangsat sia, cucungah! Gempur euy!”
Lalaki nu sorana peura méré komando. Bedil dibabetkeun, sérépét manéhna ngalugas bedog bari miheulaan nyerang. Welasan gorombolan séjén, sarua maresat bedog, ngepung Janim ti sakuliling bungking.
Dina gerakan nu teu katuturkeun panon, peureup Janim nu buleud tur bangbaraan, ting hariuk, meupeuh puhu ceuli lalaki nu sorana peura. Disusul ku tuur nu nyayang na kekemplong.
Gerakan Janim teu katuturkeun ku panon biasa. Elmu béla diri manéhna lain bantrak-bantrakkeun, da urang lembur Ciampel mah, geus papada nyaho Janim téh kasebut Jawara nu masagi najan umurna kawilang ngora kénéh ogé.

carpon absurditas malka, info sastra

            Ukur sageprakan, tilu belas gorombolan DI geus nambru, kabéh rubuh dihakan peureup Janim. Ting araduh, ting kocéak, nandangan kanyeri nu pohara.
“Aman! Kalaluar euy, pareuman seuneu.” Janim ngajorowok, méré tanggara ka urang lembur sangkan kaluar ti panyumputan.
Nu nyarumput ting pecenghul, gura-giru muru lembur. Mimitina saurang, beuki lila beuki loba. Jelema ngaliud di tengah lembur, sawaréh ngaringkus gorombolan DI nu geus teu walakaya, sawaréh mareuman seuneu.
            Duarrr!
            Teuing ti mana datangna. Pélor emas nyuruwuk nojo dada Janim. Creeb! Pélor niruk awak, parat nepi ka tonggong. Getih seger ngabulaéh maseuhan baju, beueus ti beuteung jeung tonggong Janim.
            Bru. Janim rubuh, nyaluuh na taneuh beureum.
Silalatu kakalayangan di awang-awang.

Bandung, 24 Maret 2013

Artikel keren lainnya:

Belum ada tanggapan untuk "Silalatu di Langit Ciampel (Galura, Kamis - 27 Juni 2013)"

Post a Comment

Berkomentar memakai akun Blogger akan lebih cepat ditanggapi, berkomentar memakai akun Facebook tergantung radar :D Terima kasih telah berkomentar