Langit Ciampel taya
aling-aling, éstu bulao lir cangkang endog meri. Gacipét silih udah jeung
baturna, kakalayangan di awang-awang tuluy nyirorot eunteup na régang jéngjén.
Panon poé anjeucleu luhureun pucuk daun cau, sinarna gumilang ting borélak
nyalusup ka rohang dapur, ngaliwatan érang-érang.
“Peuyeum geus
dibungkusan, kari ngéntépkeun. Gancang bisi kaburu beurang.” Ceuk Janim ka
pamajikanna, Ati.
Teu talangké, Ati ngéntépkeun
peuyeum sampeu nu geus dibungkus ku daun tisuk, diéntép na jero dingkul nepika
mucung. Sanggeus bérés, dingkul sagedé beuteung munding dipangku, tuluy diais na
cangkéng kénca. Teu ieuh katara beurat, bubuhan geus biasa uas-ais barang nu bareurat.
“Béak teu béak, mun geus bedug gancang balik.” Janim
papatah, daria. Ati ukur unggeuk bari amitan.
Dagang peuyeum geus jadi pakasaban Janim jeung Ati.
Salian ti tani, duanana parigel dadagangan, boh dagang peuyeum sampeu, béas, lalab-lalaban,
atawa hateup eurih welitan. Kumaha usumna, mun keur ramé sampeu, nya dagang
peuyeum sampeu. Mun usum panén nya dagang béas. Ari dagang hateup eurih jeung lalab mah kumaha pesenan, da éta
mah euweuh usumna.
Sanggeus pamit, Ati kebat mapay jalan satapak nu
brasna ka pasar Kosambi. Kangaranan pasar tangtu loba jalma, tangtu teu hésé
ngadagangkeun peuyeum sadingkul baé mah. Kitu ceuk pikir Ati, pinuh harepan.
Biasana mah manéhna tara ka pasar, ku
diiderkeun ti lembur ka lembur gé, peuyeumna amrin baé. Tapi poé ayeuna Ati
boga pamikir séjén, mun payu jiga kamari, manéhna rék balanja lauk asin jeung
uyah. Améh rada murah mun balanjana di pasar mah.
Sanggeus Ati ngiles
dilegleg péngkolan di tungtung lembur. Janim nyalukan anak-anakna, rék dibawa
ka kebon “Sali… Neri...”
Teu kungsi lila Sali
jeung Neri ting kurumuy ti pipir imah, awakna karambuy dipulas ku lebu. Duanana
keur raresep ngala undur-undur, rék isuk-isuk rék beurang, méh taya reureuhna
ngalaan undur-undur, diwadahan kana batok, cénah mah jang parab manuk.
“Indit ayeuna Bah?”
Ceuk Sali.
“Enya, hayu burukeun.”
“Kéla Bah. Nunda heula
batok.” Sali ngalacat naék ka ambén, batok eusi undur-undur ditunda di jero
kandang manuk.
***
Sanggeus ngaliwatan mumuntuk pasir nu linduh, maranéhna
bakal anjog di hiji pakebonan nu gegek ku palawija jeung tangkal bungbuahan. Di
tengah-tengah kebon aya saung ranggon nu kawilang luhur, kira-kira 5 méter
jangkungna.
“Bah, sawo deukeut
sumur aya nu asak can?”
“Ledis! Ludes ka
pentil-pentilna.” Témbal Janim bangun nu keuheul.
Sanggeus anjog ka
kebon, enya baé tangkal sawo téh geus bulistir, ukur nyésakeun daun. Kitu deui
tangkal bungbuahan nu séjén, taya nu nyésa.
“Caricing di saung,
ulah ka mamana. Ulah garandéng.”
“Enya Bah.” Sali jeung
Neri némbalan bareng, bari arunggeuk.
Duanana tuluy ngajalémprak na ambén. Neri ngeupeul golék
daun sampeu, Sali ngeupeul bebedilan tina palapah cau. Barudak duaan guntreng
di saung ranggon, ngawangkong jeung cocoan séwang-séwangan, tapi taya nu wani
nyoara tarik da geus dipeuseun ku Janim ngarah jempé.
Janim tonggoy narukan
pucuk daun sampeu jang jualeun ka pasar, tuluy diwadahan kana carangka. Salian
ti pucuk sampeu, manéhna ogé ngala pucuk médé, rupa-rupa lalab nu laku dijual
mah taya nu kaliwat, kabeh ditaruk, diwadahan kana carangka.
Reg, Janim ujug-ujug
ngaheneng, awakna teu usik, ceulina rancung ngadédéngékeun sora sapatu nu ting
kedepruk. “Balai…” Janim ngagerentes. Awakna dongko, panonna mencrong ka belah
kulon niténan gupitan nu nojo ka kebon manéhna. Ceulina beuki rancung, ngadédéngékeun
sora sapatu nu hawar-hawar. Tina sorana, jumlah jalma téh, tangtu leuwih ti
sapuluh urang. Ceuli Janim lain ceuli jalma ilahar, éstu seukeut lir kalong.
Bubuhan ceuli nu geus kalatih, ceuli nu bisa nganyahokeun baraha jumlah jelema
tina sora léngkahna.
“Cilaka dua belas. Anak
aing di saraung kénéh.”
Belesat! Janim lumpat muru saung ranggon, kalacat naékan
tarajé. Awakna leuwih hampang ti kapas, teu kadéngé sorana, teu kaciri
gerakanna. Teu kanyahoan datangna, Janim
ujug-ujug geus dongko dina ambén saung. Barudak nu keur anteng ngomé cocoan,
geus surti, maranéhna tuluy dariuk bari marubus kana dada Janim nu sila di
tengah saung.
Di handapeun saung
ranggon, 13 lalaki nu kabéh nyoréndang bedil tur mawa bedog, ting kuciwes haharéwosan
jeung papada baturna. Najan ukur haréwos tapi ceuli Janim bisa ngadéngé omonganna.
“Roris saungna, sigana
aya jalma di dinya.” Ceuk salah sahiji lalaki nu sorana peura.
Lalaki nu rada tékél
ngalacat naékan saung, sabeulah leungeunna nyekelan tarajé, sabeulah deui
ngokang bedil. Janim teu geumpeur, manéhna peureum bari biwirna kunyam-kunyem
mapatkan élmu panemu jampé pamaké, ngetrukkeun pangabisa.
“Kosong!” Ceuk lalaki tékél,
bari ngarérét ka baladna nu di handap, tétéla di saung taya jalma, ukur ambén
kosong jeung golék daun sampeu di belah juru. Sanggeus yakin, lalaki tékél
turun deui. Tuluy ngaleut deui ka lembur jeung balad-baladna ninggalkeun pakebonan.
“Bah. Jelema tadi téh
lolong?” Ceuk Sali bari kerung.
“Lolong sigana mah,
geuning teu nempo ka urang tiluan.” Témbal Janim bari seuri leutik.
Gorombolan DI geus
jauh, geus teu kadéngé sorana, geus teu kaambeu bauna. Janim jeung barudakna
gagancangan turun, tuluy baralik ka lembur.
***
Panon poé geus ngised,
geus ngaliwatan embun-embunan. Janim baralik deui ka lembur, Sali jeung Neri
diasupkeun kana carangka, ditutupan ku daun sampeu meunang ngunder, duanana
taya nu nyoara, ngahéphép caricing, teu kecét-kecét.
Jalan balik nu
diliwatan lain jalan biasa, Janim ngahaja nyungsi jalan leutik nu rada malipir.
Najan jauh tapi ka dinya mah tara aya goromoblan DI, da teu arapaleun, sabab éta mah jalan
satapak paranti liliwatan paninggaran moro bedul atawa mencek nu arang langka
ka saba ku jelema.
“Kahuruan…” Janim ngagerentes sorangan, panonna neuteup
haseup hideung nu ngelun di langit luhureun pilemburan. Haté Janim geus teg, éta
haseup lain haseup biasa, lain haseup durukan atawa haseup dapur, tapi haseup
kahuruan. Moal salah deui, tangtu éta seuneu dibalukarkeun ku gorombolan DI nu
nyieun kakacoan di lembur.
Salian haseup nu
ngelun, Janim bisa nempo ti kajauhan seuneu nu ngagebur ngaduruk imah-imah di
lembur. Gebeg, manéhna reuwas, palangsiang imahna nu diduruk téh.
“Nyarekelan nu pageuh.”
Janim nepak carangka méré tanggara ka anak-anakna supaya nyekel carangka leuwih
pageuh. Gep, gep, Sali jeung Neri nyarekel caragka sateker kebek.
Dibarung ku élmu silat nu luhung tur élmu
ngahampangkeun awak nu masagi, Janim lumpat tarik mapay jalan satapak. Carangka
nu dieusian ku budak jeung daun sampeu, teu ieuh jadi bangbaluh. Janim lir
kapas, kakalayangan ngaluncatan catang, rungkun, jeung lombang.
Beuki lila Janim beuki
deukeut ka pilemburan, seuneu katémbong ngabebela, ngaduruk imah, leuit,
kandang munding, paranjé, sagala diduruk. Silalatu ting kalayang di jomantara, pagalo
jeung haseup hideung nu ngelun di awang-awang.
Kuliwed, Janim nyumput tukangeun
ronggos awi. Sup, manéhna asup ka guha nu buni. Saliwat mah moal aya nu nyaho yén
di dinya aya guha. Sabab lawangna katutupan ku areuy nu rembet.
Cag, carangka diécagkeun.
“Mun Abah can balik deui, maranéh caricing baé, nya.”
Ceuk Janim ngaharéwos ka Sali jeung Neri nu nyalopa di jero carangka, dirurub
ku daun sampeu. Sanggeus barudak disumputkeun di tempat suni, Janim ngabelesat
deui baé, ngadeukeutan lembur nu teu jauh ti leuweung awi.
Lalaki nu samakta ku pakarang jeung bedil, ting haraok
bari ngaduruk imah-imah warga. Saung Janim ogé sarua, dialungaan seuneu, dirérab
ku colén nu ngagegedur.
Puuuuh… puuuuh… puuuh…
Janim niup-niupkeun angin tina biwir ka palebah imahna
nu keur dirérab. Seuneu ngadadak teu walakaya, teu neurak dipaké ngaduruk imah.
Minyak tanah diawurkeun kana eurih jeung bilik, colén diasongkeun deui, weléh
teu daék neurak. Imah Janim teu kaduruk, teu méhong-méhong acan.
“Tuman
mangkeluk téh, kudu diwarah ku aing!” gerentes Janim bari niténan gorombolan.
Jorélat! Janim ngajelepung
ninggalkeun panyumputan. Dina gerakan nu ukur sakolépat, Janim geus asup ka
tengah-tengah lembur nu ditingker ku welasan gorombolan DI.
“Maranéh sakabéh geus
ngaleuwihan wates, saha nu hayang kojor ti heula, lawan aing!” Janim ngabedega
di tengah-tengah pakalangan, tenang, teu gimir komo geumpeur. Geus kauntup ku
Janim, gorombolan DI téh bolostrong kabéh, nyanghareupan welasan jelema jiga
kitu mah moal matak ngésang.
Gorombolan nu keur ting
cakakak ngadadak jempling. Asa kakarak ayeuna aya jelema nu wani ngalawan, bari
ngan ukur sorangan.
“Kepung euy! Hayang
modar yeuh jelema téh.” Lalaki nu sorana peura, méré komando ka papada baladna.
Tilu welas lalaki nu
samakta ku bedil, nguriling ningker Janim. Aya nu nyekel bedog aya ogé nu
ngokang bedil gaplék.
Duarrr!
Bedil dibekaskeun, pélor ngebelesur muru kekemplong.
Janim ukur seuri, teu katingali ngagiwar atawa ngajaul nyingkahan pélor. Manéhna
cicing baé, ngabedega kalayan tenang.
Belentrang,
pluk.
Pélor lir neunggar waja, timah panas murag di luhureun
lebu. Duaarrr!! Duarrr!!! Bedil séjén
ting beledur, pélor ting belesat hayang nyégét awak Janim. Tapi nu dibedilan
ukur nyenghél, pélor nu rohaka taya hartina, rapluk luhureun taneuh. Janim teu
kérél-kérél, teu cécél, teu bocél.
“Lakadalah, neunggar
cadas.” Ceuk si Tékél, haténa mimiti gimir ningali Janim nu teu réngrot
dibedilan.
“Geus béak can pélorna,
euy? Naha ngajaredog…”
Janim melongkeun gorombolan, dipapay hiji-hiji.
Leungeunna nu ti tadi nangkeup harigu, ayeuna mah nulak cangkéng.
“Bangsat sia, cucungah! Gempur euy!”
Lalaki nu sorana peura méré komando. Bedil
dibabetkeun, sérépét manéhna ngalugas bedog bari miheulaan nyerang. Welasan
gorombolan séjén, sarua maresat bedog, ngepung Janim ti sakuliling bungking.
Dina gerakan nu teu katuturkeun panon, peureup Janim
nu buleud tur bangbaraan, ting hariuk, meupeuh puhu ceuli lalaki nu sorana
peura. Disusul ku tuur nu nyayang na kekemplong.
Gerakan Janim teu katuturkeun ku panon biasa. Elmu béla
diri manéhna lain bantrak-bantrakkeun, da urang lembur Ciampel mah, geus papada
nyaho Janim téh kasebut Jawara nu masagi najan umurna kawilang ngora kénéh ogé.
Ukur sageprakan, tilu
belas gorombolan DI geus nambru, kabéh rubuh dihakan peureup Janim. Ting
araduh, ting kocéak, nandangan kanyeri nu pohara.
“Aman! Kalaluar euy, pareuman seuneu.” Janim
ngajorowok, méré tanggara ka urang lembur sangkan kaluar ti panyumputan.
Nu nyarumput ting pecenghul, gura-giru muru lembur.
Mimitina saurang, beuki lila beuki loba. Jelema ngaliud di tengah lembur, sawaréh
ngaringkus gorombolan DI nu geus teu walakaya, sawaréh mareuman seuneu.
Duarrr!
Teuing ti mana
datangna. Pélor emas nyuruwuk nojo dada Janim. Creeb! Pélor niruk awak, parat nepi ka tonggong. Getih seger
ngabulaéh maseuhan baju, beueus ti beuteung jeung tonggong Janim.
Bru. Janim rubuh, nyaluuh na taneuh beureum.
Silalatu kakalayangan di awang-awang.
Bandung, 24 Maret 2013
Belum ada tanggapan untuk "Silalatu di Langit Ciampel (Galura, Kamis - 27 Juni 2013)"
Post a Comment
Berkomentar memakai akun Blogger akan lebih cepat ditanggapi, berkomentar memakai akun Facebook tergantung radar :D Terima kasih telah berkomentar