Jurig Bendungan Walahar
Burinyai, jekék! Burinyai, jekék!
Teu bosen-bosen, Isah
popotoan, moto cai nu nyirorot ninggang leuwi, jelema-jelema nu keur cinutrun
ngadadagoan jeujeur useup, écéng gondok nu ngahunyud, pasawahan nu ngémploh,
bendungan batu titingal Walanda, kabéh taya nu kaliwat dipotoan. Sakapeung manéhna
gé hayang dipoto, ménta dipangmotokeun ka kuring, tuluy manéhna ngagaya bari
nyolok pipi ku curuk dibarung imut nu nyari. Jekék!
“Nyai, hayu mulang, tos
sonten.” Kuring mairan Isah nu keur anteng motoan lauk paray di sisian Citarum.
“Kéla Pa, pameng, nuju
moto lauk.” Isah teu nolih, hayoh baé ngungudag lauk di sisian bénténg. Jekék! Jekék! Jekék!
“Tos ah, popotoanna tos
cekap, karunya laukna isineun.” Kuring ngajurungkunung tuluy leumpang
ngadeukeutan Isah.
“Euh Bapa mah, mani énggal-énggalan
ameng téh, resep kénéh.” Isah ngaheruk.
“Tos sonten, karunya
Mamah ngantosan di bumi.” Kuring ngolo Isah, bari leungeun ngaragamang rék
mangku manéhna, ngajak balik.
“Hayu atuh.” Isah ngépéskeun
leungun kuring, tuluy ngingkig tiheula muru motor nu ngajugrug handapeun
tangkal angsana. Ambek siganamah budak téh, resep kénéh ulin tapi geus diajak
balik.
***
Isah galécok cacarita
ka indungna, sagala dicaritakeun. Malah mah kuring nu tadi soré ngahéotan
wanoja rada hérang gé dicaritakeun. Atuh puguh, pingping kuring dihakan ku
ciwit leutik indung budak. Rasana pohara pahang, néwéwét, peureus tur peurih,
ninggalkeun kulit nu geuneuk.
“Duh, kunaon sok tara
pupuguh ieu téh cuwat-ciwit?” Kuring muringis nahan kapeurih.
“Ngahéotan saha tadi?” Indung
budak molotot, panonna méh kaluar kabeh.
Jep, kuring jempé, teu
némbal, moal matak bener mun dituluykeun. Kuring nyenghél bari ngararasakeun
kanyeri na pingping sorangan. Isah mupuas bari curuk jeung jempolna
utek-utekan, rék nambahan nyiwit kuring “Badé ditambihan deui ciwitna, Pa?”
Ceuk Isah bari ngasongkeun ramo rék nyiwit.
“Tambahan deui wéh, Néng,
sing tarik kadinya.” Indung budak méré komando, bangun nu hayang puas. Isah
tuluy ngarontok kuring, nyiwitan awak kuring sakarepna.
“Ampun, moal
sakali-kali deui. Ampun,” Kuring teu eureun gugurubugan diciwitan waé ku Isah,
lumayan nyeri budak téh nyiwitna. Indung budak mah haré-haré baé teu nulungan
bangun nu atoh. Manéhna jongjon mukaan poto-poto Isah.
“Néng, ieu saha?” Indung
budak némbongkeun hape ka Isah, tarangna kerung, curukna nunjuk ka gambar
aki-aki nu maké baju bodas di tukangeun Isah.
“Duka atuh, saha nya?”
Isah ogé milu kerung. Tuluy nelek-nelek jirim aki-aki nu méh aya dina sakabéh
poto.
Aki-aki téh katara geus
kolot pisan, pipina karijut tur lalémong, panonna deklok semu ngahelob ka jero.
Gayana angger, saru baé, nangtung bari kundang iteuk.
“Siga nu ngahaja hayang
milu dipoto aki-aki téh.” Indung budak ngomong sorangan beuki seukeut
nelek-nelek poto.
“Saha nya Pa? Asa teu ningal
aki-aki da tadi téh.” Isah némbongkeun poto na hapé bari tutunjuk ka gambar
aki-aki.
“Batur. Hoyong kapoto wé
éta mah meureun.” Kuring ukur ngarérét, teu pati purun nelek-nelekna gé. Teu
pikabitaeun siga mojang nu tadi soré dihéotan.
“Asa anéh dangdananna,
siga opas jaman Walanda.” Indung budak gagaro teu ateul, panonna angger
mencrongkeun poto.
“Keur kampanye meureun.”Ceuk
kuring, sakainget.
“Piraku kampanye ngadon
nutur-nutur kaméra. Geuning si aki téh ampir aya dina kabéh poto.”
“Boa-boa jurig.” Kuring
ngabirigidig “Hiiiiiiiiiiiiy… Amit-amit.”
Isah jeung indungna ngiluan ngabirigidig. Kuring
nelek-nelek beungeut éta aki-aki, teu kawawuhan teuing saha. Beungeut aki-aki
téh asa geueuman.
***
Bulan purnama ngagayot
di jomantara, nyimbeuhan peuting ku kumilang cahaya. Hawar-hawar anjing
babaung. Sorana bangun peura, bangun
ngarasula, nyalukan bulan nu teu nolih ka manéhna.
“Asa bau menyan nya
Pa?” Isah usad-usud irungna endut-endutan ngambeuan angin di jero imah.
“Enya, bau menyan.”
Ceuk indung budak saruana.
“Bau goréng témpé
meuren.” Weléh, kuring mah teu ngambeu nanaon. Nu kebek na irung ukur seungitna
goréng témpé nu geus nampeu na méja makan.
“Euh, Bapa mah irungna
linglung.” Isah protés.
“Leres, Bapa mah teu
ngangseu bau menyan.” Kuring miluan asad-usud, angger baé teu ngambeu menyan.
“Piraku?” Indung budak
cangcaya.
“Ari ngarambuan waé
menyan mah iraha atuh badé taruangna? Hayu ah, lapar Bapa mah.” Kedewek kuring
nyiuk sangu sapiring mentung, ditimpa ku sambel goang meunang ngucuran limo,
dipeupeuh ku goréng témpé 3 keureut, tur lauk jaér anyar ngagoréng nu gedéna
aya kana lima ramo.
“Éta atuh Pa, sayur
haseumna sakantenan.” Isah nyogrogkeun mangkok badag eusi sayur haseum “Bapa
mah kabiasan, pami badé tuang téh tara ngadoa heula.” Isah nyawad kuring nu
geus cacamuilan ngahékak daging lauk.
Isah cinekul ngadoa, leungeunna namprak bari ngacung,
kitu deui indungna. Kapaksa kuring nurutan bari kumétap melongkeun goréng lauk
jaér nu girinyih.
“Amin…” Ceuk kuring,
barang Isah ngusap beungeut. Seleweg daging lauk jeung témpé diablemkeun,
nikmat naker.
Rekééééééééét. Kuring ngadéngé sora ponta hareup muka, padahal
panto téh geus dikaroncian kabéh. Geus kabiasaan, ti wanci magrib panto téh
kudu dikaronci.
“Néng, panto teu
dikonci?” Kuring neuteup ka Isah.
“Dikonci Pa, saha atuh
nu kalebet?” Paroman Isah katara sepa.
Gebrug!
Panto dibantingkeun kana témbok, kuring jeung anak
pamajikan ngarénjag, tuluy carengkat tina korsi muru rohangan tamu.
“Nutup da panto téh, ngonci.” Kuring ngutek-ngutek
gagang panto, pageuh kabéh gé.
Kedepruk,
kedepruk, kedepruk.
Atra, kuring ngadéngé sora nu leumpang di dapur. Isah
jeung indungna gé sarua ngadédéngékeun éta sora bari ngararompod. Beungeutna
sarepa.
“Saha éta?” Kuring rada
ngahordah, bari ngojéngkang ngajéwang rancatan nu nyarandé di gigireun lomari
pajangan. Keteyep kuring leumpang ka dapur, taki-taki.
“saha?” Kuring
ngahordah deui.
Simpé taya nu némbalan,
kuring culang-cileung niténan dapur, taya sasaha. Biricit kuring ka kamar,
suwung. Biricit deui ka tepas, sarua baé. Euweuh jelema asup, tadi saha atuh nu
leuleumpangan di dapur?
“Aya saha, Pa?” Indung budak ngagorowok ti patengahan.
“Euweuh sasaha.” Kuring balik deui ka patengahan. Rey,
bulu punduk karasa ting puringkak, maruriding.
***
Isah jeung indungna geus
ngararingkeb di kamar, pajar téh keueung cénah. Peuting ayeuna asa geueuman,
duanana ting sarempod dina jero simbut. Kuring mah jongjon baé lalajo bola na
tipi.
Dog
dog dog! Dog dog dog!
Panto digegedor ti
luar, kuring curinghak. Ragamang leungeun ngajéwang rancatan nu geus
disadiakeun gigireun tipi. Kuliwed ka tukangeun panto, lalaunan nyingraykeun
hordéng, ngintip ka tepas.
“Aéh, saha éta, ssa
kungsi ningali kana beungeutna mah.” Kuring teu gagancangan muka panto, ngadon
hayoh baé nelek-nelek beungeut manéhna. Aki-aki nu ngabedega di luar ngagegedor
deui.
“Saha?” Ceuk kuring
hayang puguh saha manéhna.
“Abah.” Aki-aki
némbalan, sorana peura.
“Abah saha?”
“Abah Anta.”
Kuring ngahuleng, teu
wawuh kana ngaran nu bieu disebutkeun. Aki-aki nu pangkolotna di lembur téh Abah
Emad, tapi teu kolot-kolot teuing siga manéhna jeung tara mamaké iteuk.
“Punten Jang, Abah badé
muntang tulung.” Sora aki-aki kadéngé haroshos. Kuring éléh géléng, antukna
panto dibuka lalaunan. Rancatan ditunda tukangeun panto, kuring ngabedega di
lawang. Aki-aki melong seukeut ka kuring, haté ngadadak leumpeuh, nu tadina
pinuh ku rasa curiga dadak sakala jadi soméah.
“Kalebet Bah, mangga
calik?” haté kuring ngadadak leumpeuh, bangun nu kena ku tenung, ujug-ujug baé
nitah manéhna asup ka jero imah. Goloyoh baé Abah Anta asup, tuluy diuk
ngabaheuhay dina korsi sopa.
“Aya peryogi naon Bah?”
kuring gagancangan nanya manéhna.
“Tadi beurang, Abah téh
ngilu popotoan jeung Isah, tos dicitak teu acan potona? Pami atos Abah badé
nyuhunkeun.”
Gebeg, kuring ngarénjag.
Geuning enya, éta jelema téh beungeutna ceplés jeung aki-aki na poto, pantesan
asa pernah ningali beungeutna. Boa-boa manéhna téh jurig.
“Lain, Abah mah lain
jurig.” Abah Anta bisa maca gerentes haté kuring. Rey, bulu punduk beuki
nyarewud, ting sariak. “Cikan, mana poto téh?” Abah Anta ngasongkeun leungeun
hayang ningali poto.
“Antosan sakedap Bah,
badé dicandak heula.” Ahéng, suku kuring lir aya nu metot, ujug-ujug ngaléngkah
ka kamar, rék nyokot hapé Isah. Serebeng, kuring ngambeu bau menyan, mabek.
***
“Poto téh teu dicitak
Bah, mung disimpen baé na hapé.” Kuring nyogrogkeun hapé ka Abah Anta.
“Abah mah hayang nu
meunang nyitak, teu bisa hahapéan kolot mah.” Abah Anta katara kuciwa, hapé nu
diasongkeun teu dipaliré.
“Teu tiasa Bah, da émang
tara dicitak.” Hapé teu jadi dipasrahkeun, dikeukeupeul baé pageuh nakeran.
“Ari kitu mah, wayahna
si Nyai dibawa ku Abah, tukeur jeung poto, nya.” Abah Anta cengkat, tuluy ngoloyong
leumpang muru panto, teu nolih ka kuring nu colohok ngembang kadu. Rekééééééét panto dipeundeutkeun. Les,
Abah Anta teu katingali deui, teuing leungit teuing pédah kahalangan
panto. Serebeng deui baé, kaambeu bau
menyan, leuwih mabek.
“Astagfirullah…” Kuring
ngarénjag, kakuatan tenung geus leungit. Koréjat kuring hudang, tuluy
ngabelecet ka kamar.
“Isah? Isah?” Kuring nyingkabkeun simbut. Da tadi mah
manéhna téh ngahaja ngaringkeb jeung indungna, nyarempod dina jero simbut.
Bréh, na jero simbut
ukur aya indungna, Isah leungit teuing ka mana. Kuring neuteup hapé, neuteup
poto, gambar aki-aki kundang iteuk katémbong mésem. Rey, bulu punduk ting puriding, maruringkak. Selengseng kaambeu bau
menyan. Anjing teu eureun babaung, manting.
Karawang, 3 April 2014
Belum ada tanggapan untuk "Jurig Bendungan Walahar (Tribun Jabar, Selasa - 8 April 2014)"
Post a Comment
Berkomentar memakai akun Blogger akan lebih cepat ditanggapi, berkomentar memakai akun Facebook tergantung radar :D Terima kasih telah berkomentar