Bogoh Ka Anjing
Aya duaan nu boga ngaran Jaka di
lembur Kiara Potong. Kahiji, Jaka Sadun, bujang buluk, pahatulalis teu boga
dulur baraya, hirupna istu nunggelis paragat tina sintung kalapa. Kadua, Jaka
Anjing, anjing jalu nu buluna ngeplak hideung.
Dasar jelema kurang saeundan, Jaka
Sadun bogoh ka anjing. Duriat manéhna ka anjing lain pangréka, éstu saenyana.
Demi anjing nu dipiduriat, manéhna wanin nandonkeun sagala rupana, kaasup
nyawa. Sing saha baé nu kumawani ngaganggu bébénéna
baris narima wawales nu telenges.
Malah mah geus sumebar béja yén Jaka Sadun indehoy jeung bébénéna. Aya
nu nyebutkeun di kebon awi, sawaréh deui aya nu ngabéjakeun di tegal eurih. Najan
kitu taya nu wani ngalaporkeun ka pihak berwajib sangkan diamankeun, da Jaka
Sadun émang tara nganggau ka jelema mah. Dina pasarandogna jeung jelema gé Jaka
Sadun miheulaan birat, nyalingker kanu bala malar teu panggih jeung sasaha.
Saung butut tempat nganjrekna Jaka Sadun kacida nyingkur, jauh ti lembur.
Ayana di sisi walungan, handapeun tangkal kiara sagedé beuteung munding. Arang
langka kasaba ku jelema, ari lain nu hara-haraeun kalangsu atawa sasab.
Hiji-hijina jelema nu loma tur dalit jeung manéhna ukur Endul. Budak
leutik nu sarua rada kurang jejeg. Jaka Sadun jeung Endul, lir gula jeung
amisna, mun aya Jaka Sadun pasti aya Endul. Iwal peuting hungkul duanana
papisah, Endul mah balik ka imah, da boga kénéh indung. Bapana Endul tara kabéjakeun
aya di lembur, teuing ka mana, teuing di mana. Éstu taya hiji ogé nu nyaho saha
Bapana Endul nu sabenerna, urang mana, siga kumaha rupana, éstu rusiah nu teu
betus ka sasaha.
“Dul, ningali Jaka?”
Sapoé jeput, Jaka Anjing teu katémbong buntut-buntutna acan. Antukna
Jaka Sadun kokoténgan, ber ngalér bur ngidul, ngétan, ngulon, kalap leungiteun
bébéné.
“Anjing manéh téh boga kabogoh anyar
meureun.” Ceuk Endul, bari ngomé palapah cau nu geus jadi bebedilan. Pérépét! Pérépét! Endul ngabedilan angin.
“Montong ngomong kitu atuh euy, sakali
deui nyebut anjing, moal asa-asa ku kuring manéh pasti dibedil! Ulah
dianjing-anjing, sebut baé ngaranna, Jaka.”
Jaka Sadun ngalaklak dasar sobatna bari ngarebut bebedilan tuluy ditémbakkeun
kana jajantung Endul, siga nu enya keur némbak nyaan.
“Enya, Jaka maksud téh.”
Tembal Endul bari seuri konéng, leungeunna ranggah ménta deui bebedilan nu direbut
ku Jaka Sadun, “Jaka, anjing!” Endul ngutruk lalaunan.
“Piraku Jaka indehoy jeung si Codét?” Jaka
Sadun uleng ngahuleng.
“Bisa jadi, Dun. Kangaranan sato, bisa
indehoy di mana baé, jeung saha baé, iraha baé, rék di tengah jalan ogé bisa. Mangkukna
kuring ningali Jaka gentongan jeung si Codét.” Endul ngahajakeun, mapanas.
Kituna téh panon mah angger melong kana bebedilan nu
dikeukeuweuk ku Jaka Sadun.
Jep, Jaka Sadun jempé. Bebedilan
dialungkun ka hareupeun Endul. Leungeunna ngageter, seuneu ngagudar na panonna,
ngabebela. Huntuna kekerewet nahan amarah. Leungeunna pepereket ngeupeul
buleud.
“Cucungah sato téh!” ceuk Jaka Sadun
bari ngeupeul-ngeupeulkeun peureup katuhu. Pluk plek diteunggeul-teunggeulkeun
kana dampal leungeun nu kénca.
***
Cungungung!
Atra, di luar saung butut aya anjing babaung, “Jaka?” Jaka Sadun ngoréjat
tuluy lumpat néang nu babaung.
“Aéh, Jaka, yap ka dieu.” Jaka
Sadun ngarontok Jaka Anjing nu keur nyanghareupan walungan, campego na akar
kiara. Duanana paungku-ungku di buruan saung butut. Cahaya bulan sapasi seseleké
meuntasan kerepna daun kiara tuluy rapluk dina taneuh, dina suhunan, napak
sancang dina cai walungan.
Jaka Anjing ngalétakan Jaka Sadun, ngalétak beungeut, tarang, pipi,
irung, ogé biwir. Sato téh lir nu ngarti
ati kana kaayaan Jaka Sadun nu keur mesum. Aya nu ting borélak na juru panon Jaka
Sadun katojo ku sinar bulan, cimata.
“Hayu asup, kuring sono.” Ceuk Jaka
Sadun, dumareuda. Sanggeus duanana aya di jero saung butut, Jaka Sadun
ngeukeupan deui bébénéna. Lain saukur ngeukeupan tapi ogé nyium jeung
ngalétakan.
Anjing nu dilétakan ngahép-hép baé,
buntutna kupat-képot, plak-pluk kana kasur butut, kasur nu geus teu mangrupa barolong
jeung loba tumbilana.
Bletak! Teu
hujan teu angin, Jaka Sadun ujug-ujug meupeuh bangus anjing ku peureupna. “Naha
manéh téga, Jaka. Naha?”Jaka Sadun mencrong
semu ijid, seuneu ngagugudar dina panonna.
“Naha indehoy jeung si Codét?” Jaka
Sadun ngagulang-gapér anjing, miharep sangkan anjing daék wakca, daék cumarita.
Jaka Sadun ngadadak sumegruk, kanyenyerian. Jaka Anjing haré-haré baé, létahna
teu eureun ngalétakan bangus urut meupeuh. Jaka Sadun balilihan bari nginghak
dina kasur, sakapeung mah ngajenggutan buuk sorangan bangun aral.
Jaka Anjing babaung, sorana melewung kabawa palid ku sora cai nu taya
reureuhna.
Cungunguuung.
***
Gaik,
gaik, gaik!
Di saung butut nu jadi panganjrekan
Jaka Sadun aya sora anjing gagaikan. Jaka Sadun ngajorélat lumpat ka buruan,
tuluy balik deui ka jero saung. Leungeunna baloboran ku getih, balok kayu nu
geus beureum dipulas getih ngagolér gigireun kasur.
Anjing nu keur sakarat kokoséhan dina jero simbut nu boléas,
getih seger ngabayabah maseuhan kasur jeung simbut. Sirah anjing remek teu
mangrupa. Simbut nu asalna polét biru bodas, salin warna jadi beureum hideung alatan kakeueum ku getih nu
teu eureun ngocor tina sirah anjing.
“Jaka, anjeun kunaon?” Jaka Sadun ngarontok simbut, ngeukeupan bébénéna
nu geus paragat nyawa, “Saha nu geus nandasa anjeun, Jaka, saha?” Jaka Sadun
nginghak bari kokosodan.
“Pasti si Codét nu nandasa anjeun.” Jaka Sadun ngomong sorangan, Jaka
Sadun ngagulang gapér bébénéna nu geus palastra jadi bugang, teu usik teu malik
dina jero simbut. Najan hirup kénéh gé angger baé moal bisa némbalan.
“Cicing di dieu, ulah ka mamana, si Codét bakal ngarasakeun wawalesna!” Jaka
Sadun ngajéwang balok nu beureum kapulas getih, tuluy ngojéngkang ninggalkan saung
butut. Jaka sadun ngoloyong muru lembur Kiara Potong, rék ngayakeun
balitungan jeung si Codét.
Bulan sapasi manteng di jomantara, nganteur
nu ngajuringkang narabas jalan satapak jeung gupitan. Jirim hideung lir
kalangkang sétan, kokolébatan muru Kiara Potong. Balok nu digigiwing, ting
galetruk kana batu koral di sapapanjang jalan.
Si Codét, anjing jalu nu boga tatu
dina beungeutna, keur nyangkéré handapeun gapura Juragan Karta. Buntutna méréngkél
meulit cangkéng, kapeung kupat-képot ngagebah reungit. Jaka Sadun nelek-nelek
tatu na beungeut anjing, tatu nu ngabalukarkeun Codét jadi aran éta sato.
Jurungkunung si Codét hudang, nyanggéréng.
Nu disanggérangan teu gimir, tenang baé nyanghareupan anjing nu rék nyogot. “Jaka,
naha bet daék ngalayanan anjing rudin samodél si Codét?” Jaka Sadun lumengis.
Balok dihulangkeun ka jomantara, diheumbatkeun sataker kebek. Belesur!
Balok nyuruwuk meulah simpé.
Di jero gardu nu cakuem teu kacaangan ku lampu jeung bulan, aya sapasang
mata molotot nyérangkeun Jaka Sadun. Bulan sapasi karungkup méga. Dangdaunan
ting arembak kateunggar angin peuting. Kalakay kakalayangan dipayang ibun,
dijajapkeun ka taneuh pangbalikan.
***
“Ti samet ayeuna peuting, moal aya
deui nu wani ngadabah anjeun, Jaka.” Kitu ceuk Jaka Sadun bari ngusapan simbut nu
beuheus ku getih. Anjing dina jero simbut boro-boro némbal, awakna ge geus
jegreg jadi bangké.
“Jaka, naha cicing baé. Sieun?” Jaka
Sadun ngaguyah-guyah bangké, “Ulah sieun, piraku ka bébéné sorangan sieun?”
Sadun ngocoblak sorangan, tuluy nyingkabkeun simbut bari nyium sirah anjing nu
geus remek.
“Ayeuna urang duaan bisa tenang.” Jaka Sadun mésem,
bungangang alatan geus bisa nyingkahkeun si Codét nu kumawani ngaganggu bébénéna.
Goloyoh Jaka Sadun ngagolér, awakna nu regung nyangkéré gigireun bangké,
dirungkup simbut nu baseuh, beuheus ku getih. Bangké dikeukeupan, diusapan,
sakapeungmah diciuman.
Jaka Sadun merelek heuay, panonna kakalicesan katebak tunduh. Reup manéhna
peureum, getih nu ngeyembeng ngabaseuhan kasur jeung awak teu dirasa, teu
dipaliré. Segrék kérék, pataréma jeung sora cai walungan nu kebat lumpat ka
belah kalér.
***
Tilu poé sanggeus Jaka Sadun maténi Jaka Anjing, bau bangké kaambeu nepi
ka lembur Kiara Potong. Sapinter-pinterna nyumputkeun bagké, ahir baring bakal
katohian.
“Kuring yakin, bangkéna ti saung butut.” Mang Toni tutunjuk ka saung
Jaka Sadun.
“Enya, sapuk. Bau bangké datangna ti dinya.” Ceuk Jang Liman bari
unggut-unggutan.
Sanggeus sapuk, para pamuda tur kokolot lembur, ngadatangan saung butut.
Geus babaraha kali panto réyod digegedor, nu digedoran teu daék kaluar. Nu
ngagegero ukur ditémbalan ku simpé.
“Dobrak wé atuh pantona.” Ceuk Endul nu ngahaja milu.
“Enya dobrak baé!” témbal Mang Toni.
Endul maju ka hareup, rék nyejek panto. Balaréa ting séréngéh
ningalikeun pamolahna nu maju bari pépédéngkréng. Sanggeus museurkeun tanaga,
beledag panto dijejek. Blang, panto ngagemblang.
Serebeng, ti jero rohangan nyeleber seungit kembang malati, awun-awunan,
minuhan rohang dada jelema nu ngaronom di lawang panto.
“Aéh, naha jadi seungit malati Mang?” Ceuk Endul, bari usad-usud ngangseuan
angin.
“Dul, cikan kotéktak saung téh.” Mang Toni tutunjuk ti
lawang. Sabenerna saung téh leutik, ku
ditingali ti lawang ogé geus ébréh kabéh.
“Siap!” Endul daék baé, bari ngojéngkang abus ka jero saung, néangan
bangké, kasur diungkab, émbér bolong diketrukkeun. Di juru saung aya bilatung
babaraha siki, kaidek ku Endul nepika pejrél.
Bangké nu ditéangan teu kapanggih, eusi saung butut ukur kasur butut,
karung butut, pakéan butut, rongsok nu sarua geus barutut. Jero saung téh taya
bédana jeung sayang beurit, eusina runtah malulu.
Ngan, salian ti runtah, jero saung téh siga nu ngahaja diawuran malati,
nepika ayang-ayangan, bangun kakarak diawurkeun tadi isuk, nutupan kasur jeung taneuh
di jero saung.
“Asa ahéng, nanaonan Jaka Sadun ngawur-ngawur malati di jero saung?”
Mang Toni kerung, haténa boga keteg goréng.
“Dipikiran teuing atuh Mang, kacapé-capé mikiran jelema burung.” Témbal
Endul.
Calakatak balaréa saleuri, asa bodor ngadéngé budak burung nyebut
burung, da geus puguh duanana gé sarua burung.
***
Peuting nyarakcalakan, mulas langit
jadi peteng. Endul sasalingkeran, ninggalkeun Kiara Potong ngajugjug saung
butut Jaka Sadun. Sanggeus anjog, manéhna ngajanteng hareupeun panto réyod nu
geus rujad.
Endul culang-cileung ka sabudeureun, taya sasaha. Lalaunan, panto
disurungkeun nepi ka méléngé. Endul ngeteyep asup. Bilatung sagedé béas,
acleng-aclengan dina kasur butut, rapluk maruragan ti para. Endul nyomotan
bilatung, ditunda na dampal leungeun, ditanggeuy, diteuteup. Bilatung rapluk
deui bae, dicomotan deui, tuluy dihuap-huapkeun. Lek, bilatung diteureuy
buleud.
Séréngéh Endul seuri, tuluy ngalacat
kana papalang, leungeunna muka tutup para. Bilatung ngaburusut maruragan kana
kasur, aya ogé nu ninggang beungeut Endul, rutey aruyek-uyekan. Teu geuleuheun,
teu gilaeun, manéhna anggur sura-seuri, bari létahna ulal-élol ngalétéman
bilatung nu ngacleng kana biwir.
Leungeun Endul ngopépang kana para,
kokodok. Endul beberegég bangun nu keur ngabedol barang beurat. Urat leungeun
raranteng, dibarung ku ngaheujeun sateker kebek manehna ngerahkeun tanaga. Antukna
aya nu ragrag tina para. Taya lian, bangké Jaka Sadun jeung Jaka Anjing nu geus
mimiti buruk. Bangké ngageblug kana kasur butut, bilatung mancawura,
awur-awuran di jero saung.
“Hutang uyah mah baé teu dibayar gé,
pati mah kudu dibayar ku pati.” Endul kekerewet bari neuteup bangké nu geus
bilatungan. Seuneu ngabebela na panonna, nguntab-nguntab ngarérab peuting nu
simpé.
“Maranéh kudu nyaho, Si Codét téh
Bapa aing!
Ubud, 2 Oktober 2014
Catetan:
Aya sababaraha kaleptan dina carpon nu dicitak na koran, murni eta mah lepat kuring salaku pangarang. Kumargi kitu dina ieu blog dikoreksi kalepatanna. Si Codet satemenna anjing jalu, sanes anjing bikang.
Hatur nuhun, kirang langkungna mangga nyanggakeun.
Belum ada tanggapan untuk "Bogoh Ka Anjing (Tribun Jabar, Salasa - 11 November 2014)"
Post a Comment
Berkomentar memakai akun Blogger akan lebih cepat ditanggapi, berkomentar memakai akun Facebook tergantung radar :D Terima kasih telah berkomentar