Budak
lalaki nu ngudag angin, geus katempo tujuh kuriling lulumpatan di sabudeureun
imah kuring. Méh unggal poé manéhna ukur lulumpatan, taya kacapé bebelesatan
moro angin nu dalingdingna moal ngajirim, nu gelebugna moal mangrupa.
Jorélat!
Manehna
ngabelesat, mangprung ngudag angin nu kebat teuing ka mana?
“Sadun!
Geus beurang, dahar heula.” Ma Inoh nyelukan incuna nu katara geus lémpoy. Eta
budak téh taya lian, si Sadun, incuna Ma Inoh, anakna Nyi Irah.
Beungeut
Sadun geus sepa, tur jibreg ku cikésang. Bubuhan teu eureun lumpat, bebelesatan
ti kalér ka kidul, ti kulon ka wétan, ka mana baé aya dalingding angin, ka
dinya manéhna lumpat.
“Kang,
kunaon budak téh, rada kurang sigana téh nya?” Ceuk Marni, adi kuring nu
kakarak tilu poé balik ka lembur.
“Sanés
Nyai, sanés kirang. Si Sadun téh da budak bageur tadina mah. Jadi kitu téh ti
saprak kajadian angin puyuh tilu bulan ka tukang.”
“Émang
kunaon kitu Kang?”
Kuring
teu geuwat némbalan, sajongjongan kuring ngabetem bari nyerangkeun Sadun nu
ngoloyong muru balé awi di tepas imah ninina.
“Kang...”
Si Nyai ngagédorkeun sikutna kana dada kuring nu kanyahoan keur anteng neuteup
nu rénghap ranjug di tepas imah Ma Inoh.
“Naon
Nyai? Sukat-sikut sagala, getek ieuh.”
“Itu
geura si Akang, lain éta budak téh kunaon? Naha bisa jadi kitu?” si Nyai beuki
nyeleksek.
“Oh
si Sadun, enya baheula mah teu kitu da, ti saprak angin ngancurkeun imahna tilu
bulan ka tukang, Sadun jadi kitu.”
“Angin
puyuh ngancurkeun imahna? Kumaha mimitina éta téh kang dugi tiasa ka kitu?”
Ceuk si Nyai, daria.
“Harita
téh duka ti mana, angin puyuh nu kacida gedéna, ngagelebuh bari ngahéong datang
ti belah kulon. Tangkal rarungkad, munding ngarapung, ingon-ingon séjén gé kabawa
hiber. Salian ti éta, angin puyuh téh ngarurud kabéh imah Sadun jeung eusina.
Kabéh, diawut-awut dibawa hiber.”
Masih
ting kolébat dina ingetan, kacida ketirna mangsa harita, mangsa angin puyuh nu
teuing datang ti mana ngadudut imah Nyi Irah. Ukur imah manéhna nu didudut, da
imah nu séjén mah salamet, kaasup imah kuring nu pa hareup-hareup teu pati
anggang jeung imah manéhna.
“Imahna
harita nuju kosong?”
Rét,
kuring ngarérét deui si Sadun nu keur ngaregot nginum. Cur, ti kajauhan Sadun
katempo nonggéngkeun téko, nyicikeun cai kana gelas nepi ka pinuh. Regot, éta
cai dileguk nepika béak. Cur, cai dicicikeun deui. Regot deui waé caina
dileguk.
Ras, kuring inget ka si jenat, Nyi Irah,
indungna Sadun nu leungit diapungkeun angin.
“Kang,
sok tara kebat atuh ari ngadongéng téh, teruskeun atuh Kang.”
“Hus!
Lain dongéng ieu mah Nyai, ieu kajadian nyata. Peurih Akangmah Nyai mun inget
kajadian eta téh, peurih.”
“Euleuh,
kumaha kitu Kang?” Pasemon si Nyai katara panasaran, sorot panonna kebek ku ka
héran.
“Harita...
Di jero imah téh aya indungna si Sadun. Akang teu walakaya, teu bisa nulungan.
Ukur bisa depa dina logak bari muntang pageuh kana akar tatangkalan. Ukur sora
jeritna nu kadéngé, awor jeung sora angin nu ngahéang...” Kuring teu kebat
nyarita... Asa aya balati nu ngadadak ngéngklak na jero dada.
“Duh Gusti... Deudeuh teuing Sadun, kitu-kitu
teuing nasib téh.” Ceuk si Nyai, sorana kadéngé dareuda.
“Nyi
Irah... Tuluy leungit diapungkeun ka langit. Ti harita, Sadun kaleungitan
indung nepi ka ayeuna. Taya béja taya laratan, taya hiji ogé nu manggihan
indungna.” Balati karasa beuki ngéngklak di jero dada, ngabudal-badél haté ku
rasa ketir nu pohara.
Clak,
cimata nu tiis rag-rag ti juru panon si Nyai, ninggang pigeulang kuring. Saha
jelemana atuh nu teu kagagas ku tunggara samodél kitu. Tong boro si Nyai nu
ukuran awéwé, kuring sorangan nu lalaki, asa rajét haté mun heug inget kajadian
angin puyuh tilu bulan ka tukang.
“Kang,
kahartos ku Nyai ayeuna mah, geuning kitu nasibna budak téh.” Si Nyai ngarenghap
jero jeung panjang.
Kuring
ngarahuh, narik napas panjang. Angger baé, kaketir teu daék ngurangan. Angin nu
muih bari ngapungkeun sagala rupa katénjo deui na kongkolak ingetan. Masih
kabayang-bayang Nyi Irah nu apung-apungan di awang-awang, bari kuring teu bisa
nulungan, ukur bisa mencrong kosong, bari rerempodan. Ngayekyek asa dikeukeupan
ku pati nu tinggal sa jeungkal.
“Angin
puyuh harita Nyai, tuluy leungit tanpa karana. Siga nu ngahaja datang ukur rék
néang Nyi Irah nyaba ka awang-awang. Sagala rupa nu dihiberkeun angin taya nu
rapluk maruragan, leungit milu jeung leungitna angin. Leungit tanpa karana.”
“Piraku
Kang?”
“Kitu
kanyataanna Nyai. Akang sorangan moal percaya mun teu nempo ku panon sorangan
mah. Lain ukur akar nu nyaksian kajadian harita, batur ogé loba nu ngilu
nyaksian.”
“Moal
kitu turun di tempat nu tebih mah Kang?”
“Kuduna
mah kitu, tapi geuning taya laratan. Méh unggal poé salila sabulan ti harita,
Akang jeung warga néangan Nyi Irah, lebeng, taya tapak taya laratan.”
“Anéh,
asa ku anéh angin puyuh téh. Moal angin siluman mah?”
“Duka
teuing atuh Nyai, Akang gé teu ngarti.”
Jep,
si Nyai jempé, kuring jeung manéhna sarua neuteup si Sadun ti ka anggangan. Papada
meper rasa ketir ku renghap napas nu jero tur panjang. “Emak... Emak... Sadun milu.”
Ceuk
Sadun, jumerit bari tatanggahan ka langit.
***
Panon
poé geus melempem, moal lila deui ragrag di congo awi belah kuloneun lembur.
Sadun teu maliré, teu paduli kana wanci. Mun heug teu dicalukan ku Ma Inoh,
tangtu manéhan bakal terus lumpat, ngudag angin nepika tanaga bedah di tengah
jalan, saat garing dipake bebelesatan.
“Emak,
Sadun milu. Emak...”
Ukur kecap
siga kitu nu kedal tina biwir Sadun. Kedal dibarung ku geter sora nu jang
kuring mah sorang nu kadéngé matak peurih. Sora nu leuwih seukeut batan balati,
kancleb dina jajantung, niruk haté ku rasa ketir.
“Kang...
Akang... Lumpat Kang. Angin puyuh Kang!”
Awak
kuring nyampak geus diguyah-guyah ku si Nyai, basa ti belah kulon, teu
kanyahoan angin puyuh ngagelebug muih, ngarorod sakur nu diliwatan, angin nu
teuing ti mana datangna.
“Sadun,
angin puyuh, Jang! Lumpat ka dieu!” Kuring cumeluk, ngajerit, bari ngajorélat
moro Sadun nu ceuk sangkaan kuring mah bakal kalegleg ku gelebugna angin.
Kerewek!
Kuring
nyekel pageuh kana dapuran jukut jampang. Angin nu muih méh-méhan nyedot awak
kuring. Di awang-awang, sakiceupan kuring ningali budak apung-apungan, muih
kabawa angin.
“Emak...
Emak...”
Sajorelat
kuring ningali Sadun leumpang, ngagandeuang, moro hiji awéwé nu kumalayang di
awang-awang, maranéhna teu kasedot angin, teu kabantingkeun, lir teu kapangaruhan
saeutik-eutik acan. Najan sajorélat, najan lebu jeung kokotor angin nutupan
tetempoan, atra kuring bisa ningali, éta téh indungna Sadun, Nyi Irah.
Kuring
teu bisa lila muka panon, lebu jeung kesik méh nyocokan mata ku rasa peurih. Kuring
meungpeun peureum, sabeulah leungeun nutupan panon, sabeulah deui pageuh
muntangan jukut jampang.
“Pileuleuyan
Sadun... Bral...”
Kuring
ngarénghap jero, ngaridokeun Sadun nu pinanggih jeung indung di awang-awang.
Rep, angin leungit tanpa karana. Kuring keukeureuceuman, sagala nu poek geus
ngaleungit.
Angin
leungit.
Sadun
leungit.
Nyi
Irah leungit.
Bandung, 30 November - 1 November 2012 2012
Tribun Jabar, edisi Salasa, Rebo sareng Kemis.
Belum ada tanggapan untuk "Angin Puyuh (Tribun Jabar - Edisi Salasa - Kemis; 30 Oktober - 1 November 2012)"
Post a Comment
Berkomentar memakai akun Blogger akan lebih cepat ditanggapi, berkomentar memakai akun Facebook tergantung radar :D Terima kasih telah berkomentar