KEMIT
Absurditas
Malka*
Poé katujuh, taya parobahan, nu gering angger numpra.
Malah katempona beuki parna. Teu kadéngé humarurung, teu aduh-aduhan, éstu
ngajelepeng teu usik teu malik. Beungeutna sepa, taya getihan. Awakna karasa
tiis, nyelecep. Muwuh ketir, muwuh ngaruntagkeun haté nu nempona.
Didit didit dididididit
Hapé ngajerit, lamunan Sadun
mancawura di rohang kamar, bubuk diteumbrag sora SMS. Sadun gagancangan ngajéwang
hapé, na layar katémbong gambar amplop tur ngaran lanceukna, Ceu Nurfa.
Dun kumaha Bapa téh?
Ceuceu isuk ka Karawang
Sadun ngetik SMS balesan, teu lila tuluy
dikirimkeun. Hapé dikeupeul, na leungeun kénca. Panonna niténan Bapa, katara
tibra. Reungit buncir beuteungna ngagéndang ku getih, sosoloyongan ngejat
ninggalkeun tarang Bapa. Hapé ditunda na kasur.
“Koplok
sia!” Ceuk Sadun, bari nepak reungit ku dua leungeun. Getih beureum mulas
dampal leungeun manéhna.
Teu karasa, jarum geus
ngajorélat tarik, meuntasan peuting katujuh. Asa kamari manéhna nyokot
kaputusan gedé nu penting. Juragan Tatang dununganna di Bandung sabenerna mah
teu ngijinan manéhna mulang. Tapi Sadun maksa, teu bisa dihulag, teu bisa
dicaram.
“Gan,
Abdi badé nyuhunkeun diijinan kanggo mulih ka lembur, kumargi pun Bapa nuju
udur, hawatos teu aya nu ngarawat.” Ceuk Sadun, pinuh ku harepan malar diijinan
mulang.
“Gering
naon Bapa manéh?” témbal Juragan Tatang, haré-haré.
“Duka
naon, da teu acan diparios ka dokter, saur Ema mah parna pisan, tos tilu dinten
teu tiasa nanaon, teu tiasa calik-calik acan.”
“Mun
manéh balik, nu ngurus di dieu saha? Pan manéh nyaho, suaha saya mah teu bisa ditinggalkeun
sagawayah.” Juragan Tatang nunda kaca mata na luhureun méja.
“Sumuhun,
Juragan. Abdi uninga, mung abdi badé
neda kabijaksanaan baé, supados diijinan mulih
kanggé sakali ayeuna mah.” Sadun melenguk, teu wasa males
teuteup dununganna nu katara kuciwa.
“Keukeuh
peuteukeuh manéh mah. Lain téga lain kumaha, wayahna, teu bisa euy. Saya teu bisa
ngijinan manéh balik, kajaba manéh boga jelema séjén jang gagantina.” Pasemon Juragan
Tatang katémbong kesel, manéhna mah kawentar dunungan nu téga.
“Saha
atuh Juragan? Da abdi teu gaduh sasaha kanggo gentosna. Nya, tiasa teu tiasa,
punten pisan Juragan, abdi tos gilig, seja wangsul ka lembur.” Sadun tanggah,
tarangna kerung, nginget-nginget sugan aya salah sahiji baturna nu bisa
diandelkeun nyepeng pagawéan manéhna. Weléh, taya hiji ogé.
“Aéh-aéh, nu asih dipulang sengit
anu ari kitu mah ngarana. Teu beunang diperedih manéh mah.” Ceuk Juragan Tatang, ketus.
“Hapunten abdi Juragan,
dalah dikumaha, abdi ayeuna tos gilig, teu tiasa dihulag, teu tiasa
dihalang-halang. Pami sanés abdi, saha deui atuh nu badé ngarawat pun Bapa?”
Sadun maksakeun neuteup dununganna, sanajan ajrih, ari kitu-kitu teuing mah asa
keuheul ogé ka dunungan téh. Naha téga-téga teuing jelema téh. Kawas nu teu
boga bapa baé.
“Jug baé atuh kitu mah, tapi mun balik deui ka dieu geus aya
nu ngaganti manéh nya ulah hanjelu. Da éta mah résiko,
bongan saha wawanianan ninggalkeun tugas manéh.”
Juragan nerapkeun deui kaca matana, tuluy anteng maca koran, teu lémék teu nyarék.
Sadun ngoléséd, tuluy pamit.
***
Masih kénéh nongtoreng na
ceuli, kekecapan Juragan Tatang. Tapi ngarana niat nu geus gilig, teu ieuh jadi
pikiran jang Sadun. Kolot nu leuwih utama, kajeun teuing eureun gawé batan ngantep kolot sorangan, pakasaban mah bisa
ditéangan deui, tapi kasempetan jang ngurus kolot sorangan moal aya gantina.
Dididit dididit didididdidit
Hapé ngajerit deui baé, Sadun ngarénjag. Panonna nu geus cepel dipaksa
beunta. Aya nomer anyar nu ngirim SMS.
Kang, nyarondong di rorompok?
Énjing, pami tos karempel abdi badé ngalongok Bapa
Sadun kerung bari niténan
nomer na layar hapé. Tarangna kerung weléh teu inget, éta nomer teuing nu saha.
Belenyeng SMS balesan dikirimkeun.
Moal wartos-wartos, saha abdi
Pokonamah énjing abdi tangtos sumping
Nu diSMS teu ngajawab étré,
ukur malesan ku kalimah nu ngondang patanyaan, ngembangkeun rasa kapanasaran,
SMS nu mungkas paguneman. Sadun merelek heuay, jarum jam geus nunjuk kana angka
4 subuh. Cakcak bulé norojol ti tukangeun jam, ngeteyep ngadodoho reungit nu
eunteup na congo kalénder.
Panon Sadun beuki cepel, hésé
muka, hésé beunta. Les, manéhna kasaréan. Sirahna nyaluuh kana kasur, sukuna
nyanghunjar abus ka kolong ranjang.
***
Sadun rungah-ringeuh, niténan
kamar. Kasur katémbong geus rapih, anggel geus ngentep, simut geus ditilepan,
seuseungitan kaangseu minuhan rohangan kamar. Cahaya panon poé ting sulusup,
ngaliwatan jandéla kaca.
“Bapak ka mana?”
Manéhna ngagerentes, tuluy
nguniang hudang. Rekét, muka panto kamar. Geuning geus ramé di imah téh. Aya
Ceu Nurfa, Kang Isma, Bapak jeung Ema. Kabéh geus ngarumpul, di patengahan imah.
Bapak diuk na korsi sofa, pagigir-gigir jeung Ema, lanceuk-lanceuk manehna diuk
na téhel, hareupeun meja. Bangun nu sarono nakeran ka Bapa.
“Geuning tos karumpul, syukur
atuh. Tos lami sarumping ieu téh?” Sadun nyolongkrongkeun leungeun, sasalaman
ka lanceuk-lanceukna nu geus ngariung.
“Tah geuning, si bungsu
nyaring. Yap, kadieu, Bapa aya picaritaeun, Dun.”
“Aya naon Pa?”
“Éta cénah Mang, hoyong
dipangnyetélkeun lagu Nineung ti Nining Meida.” Ceuk Kang Isma, bari seuri.
“Oh, éta. Ké antosan
sakedap...” Teu loba lila, Sadun tuluy moro DVD player, manéhna nyolokeun flashdisk.
Ramona mencétan angka, milihan lagu. Teu kungsi lila, lagu Nineung geus
ngagalindeng. Lagu paporit Bapa pisan éta téh. Bapak tuluy ngahaleuang, ngilu
nyanyi, sorana lumayan alus, asup kana wirahma lagu. Kabéh tuluy marilu nyanyi,
maturan Bapa.
Ras, Sadun inget kana SMS
tadi subuh, pajarkeun téh bakal aya tatamu nu datang ka imah. Manéha bakal
datang mun kabéh geus ngariung di imah, rék ngalongok bapa cénah mah.
“Ma, ari tadi aya tamu?”
Sadun melong ka Ema.
“Euweuh, taya sasaha. Karak
aya lanceuk manéh baé. Taya sasaha deui. Naha émangna rék aya tamu ti mana
kitu?”
“Oh, enya atuh ai kitu mah.”
Sadun tuluy diuk gigireun lanceukna. Gap nyokot gelas kopi weuteuh. Bapa teu
katémbong hudang gering, éstu sabihara-sabihari, séhat wal afiat. Paromanna
katingali seger.
“Ngimpi kitu aing téh?”
Gerentes Sadun na jero haténa.
Rét, manéhna melong ka
buruan. Suwung, taya nu ngulampreng, taya nu katémbong seja natamu ka imah
Bapana.
Didit didit dididididit
Koréjat! Sadun hudang,
impianna peupeus mancawura, rét manéhna kana hapé. Rét manéhna niténan Bapa, rét
manéhna ngalieuk ka patengahan imah, taya sasaha, ukur aya Ema nu geus nyegrék,
diharudum samping réréng.
“Aéh, ngimpi aing téh
geuning.” Sadun gigisik, tuluy melongkeun hapé.
Dun, dunungan manéh tiwas
Tadi beurang aya nu ngarogahala
Sadun gigisik deui, panonna
ceuleuyeu ngadadak cénghar, eusi SMS téh dibaca deui. SMS ti Kardi, balad
sapagawéan di peternakan Juragan Karta.
Dididit dididit
dididididididit
Hapé ngajerit deui, SMS ti
nomer nu tadi, ti jelema nu ngaku-ngaku rék ngalongok Bapa téa.
Kang, teu cios énjing téh
Kabujeng pendak sareng Juragan Karta
Gebeg! Sadun ngagebeg,
panonna mencrong Bapa. Gap, manéhna ngeupeul ramo Bapa. Caméwék. Gerewek! Bapak
nyangkerem ramo manéhna, koréjat Bapa hudang, panonna beureum, molotot hurung
siga sentér anyar ngabatréan.
Koréjat!
Sadun hudang, impianna
mancawura, di rohangan kamar. Taya sasaha, taya Bapa, taya cakcak bulé. Ukur
manéhna, di jero imah Juragan Kardi. Perelek manéhna heuay deui baé, panonna
cepel lir dibaluran ku lém beurit nu pohara cepelna. Hésé muka, hésé beunta.
Hapé ngagolér gigireun manéhna,
aya SMS asup, ti nomer anyar. Sadun teu maliré, reup manéhna saré deui. Segur kérékna
bebeledagan meulah peuting nu simpé.
Didididit... Dididit... Didididit....
Hapé tuluy jejeritan, Sadun
teu éling di bumi alam.
Karawang, 7 Januari 2013
Belum ada tanggapan untuk "Kemit (Majalah Mangle 11-17 April 2013)"
Post a Comment
Berkomentar memakai akun Blogger akan lebih cepat ditanggapi, berkomentar memakai akun Facebook tergantung radar :D Terima kasih telah berkomentar