“Sangkuriang, geuning éta téh anjeun, anaking.” Gerentes Dayang Sumbi.
Lalaki nu kasmaran ka manéhna, geuning Sangkuriang, anakna sorangan. Lalaki nu puluhan taun ka tukang, diusir ti imah, dibaturan ku getih nu teu eureun nyarakclakan tina sirah. Lalaki nu na awakna ngocor getih anjing, getih si Tumang, bapana.
“Nyai, moal lami deui urang baris ngambah bagja. Anjeun baris janten garwa Akang.” Ceuk Sangkuriang, rénghapna kebek ku harepan.
“Nikah?” Dayang Sumbi némbal dumareuda. Manéhna teu sudi mun kudu kawin jeung anak sorangan. Taya titis tulisna, indung kudu kawin jeung anak.
“Kunaon Nyai bangun nu bingung kitu. Naha cariosan Akang aya nu lepat?”
“Teu kunanaon, Kang. Tapi Nyai ngaraos mangmang. Nyai hoyong buktos nu nyata. Tos aya kana ratusna pameget nu hoyong migarwa, tapi sadayana sami baé, taya nu buktos. Ukur ngudag kageulisan, teu dibarung ku cinta nu enya-enya.” Dayang Sumbi katara ngaheruk, lain cangcaya ku cinta anakna, tapi baluweng mikiran jalan ngejat ninggalkeun Sangkuriang.
“Tangtos, Nyai téh kawilang béntang nu pang caangna di jomantara, ogé di haté Akang. Hoyong buktos naon atuh Nyai téh?”
“Beurat Kang, beurat. Akang dupina moal sanggem nyumponan.” Dayang Sumbi muterkeun uteukna, mikiran jalan malar kahayang Sangkuriang teu tinekanan.
Ray, pikiranna caang, manéhna nimu jalan, nimu tanjakan nu ceuk pamikirna moal bisa dicumponan ku Sangkuriang.
“Nyai, sebatkeun baé naon kahoyong téh. Akang baris nyumponan, demi Nyai, sagala rupa kahoyong tangtos tinekanan. Akang, Sangkuriang, lalaki nu gagah sakti, baris toh pati ukur kanggo salira Nyai.” Témbal Sangkuriang, semu nangtang.
“Nyai percanten, Kang. Mung, Nyai hoyong buktos. Akang kedah tiasa ngabendung Citarum janten talaga. Ngadamel parahu kanggo urang duaan lalayaran, bulan madu saparantosna nikahan. Sanggem?” Témbal Dayang Sumbi yakin.
Paménta siga kitu, kaitung paménta nu beurat. Tong boro jawara, pangkat raja ogé can tangtu bisa nedunan. Sanajan Sangkuriang jalma sakti, pamohalan bisa nedunan.
“Éta hungkul, teu aya nu sanés, Nyai?” Sangkuriang mésem, paménta Dayang Sumbi teu jadi bangbaluh jang manéhna mah. Kawilang énténg, gampang, taya bédana jeung mulak-malik dampal leungeun.
***
Saratus milénia ti harita.
Cinta Sangkuriang ka Dayang Sumbi, éstu cinta nu sajati, lain pupulasan, teu bisa pareum najan manéhna geus hirup mangpirang-pirang alam. Geus ngaliwatan wanci dina itungan saratus milénia. Sangkuriang éstu masih kebek ku rasa cinta, beuki lila beuki ngagedur, ngagugudar, ngaduruk dadana nu simpé.
Rupa-rupa awéwé geus rebuan nu datang ka manéhna, ménta Sangkuriang sangkan jadi salakina. Boh parawan atawa randa, aya ogé awéwé nu boga kénéh salaki. Saha atuh awéwéna nu teu kairut ku Sangkuriang, lalaki sakti ti Pasundan.
“Aing kudu balik deui ka jaman baheula, aing kudu bisa nyangking Dayang Sumbi. Ukur manéhna cinta nu sajati, taya nu lian, moal aya nu lian!” Ceuk Sangkuriang, bari melong mesin waktu nu moal lila deui bakal jadi kandaraan nu nganteurkeun manéhna ka jaman nu geus ratusan milénia anggangna.
“Sangkuriang, mesin waktu geus sampurna. Anjeun ayeuna bisa indit ka mana baé, ka mangsa nu geus lawas, ogé nu baris datang. Salian ti éta, Anjeun bisa mulang deui ka dieu iraha baé. Kari tulis angkana, hayang indit ka taun iraha, kabéh baris kacumponan.” Lalaki nu buukna dipulas ku huis bodas, seuri bungah, proyék mesin waktu, antukna laksana, paréntah Sangkuriang bisa dicumponan.
“Alus Prof, alus. Pagawéan andika éstu pinunjul. Mesin nu kieu nu ku kuring dipikahayang téh. Kuring teu hayang ka mamana, kuring ukur hayang balik deui ka jaman ka tukang. Nedunan paménta Dayang Sumbi, nyangking manéhna. Kuring moal katipu deui, kuring embung gagal deui. Ayeuna, bagja tangtu laksana, cinta tangtu ngajadi nyata.” Témbal Sangkuriang, paromanna katara bungangang.
Rupa-rupa kalangkang wanci nu geus lawas ka tukang ngajirim Dayang Sumbi, ting jorélat na ingetan, ngagerihan haténa nu rebuan tahun karasa camplang.
“Sangkuriang, mesin waktu tangtu bisa ngambah wanci, tapi ulah wani-wani ngarusak titis tulis. Mun anjeun ngarobah jaman di tukang, mangka bakal robah jaman nu di hareup.” Ceuk Profésor nu nyieun mesin waktu.
“Ulah hariwang Prof, kuring ngarti kana sagalarupa balukarna. Naon baé nu baris tumiba, bakal ditarima. Nu penting kuring laksana ngambah sagara rumah tangga jeung Dayang Sumbi.”
Clak, Sangkuriang tunggang mesin waktu, niatna geus gilig, balik deui ka mangsa ratusan milénia ka tukang.
“Nyai. Cinta Akang éstu sajati, ayeuna Akang balik deui. Ayeuna Akang moal katipu, moal bisa dibobodo.” Sangkuriang ngebelengéh, geus kabayang ku manéhna, bakal pinanggih bagja, bakan cumpon sagala impian.
Belesat, teu kungsi lila Sangkuriang geus pindah jaman.
***
“Sangkuriang, geuning éta téh anjeun, anaking.” Gerentes Dayang Sumbi. Leungeuna kumeleter, teu wani deui ngusapan buuk Sangkuriang nu seungit kembang.
“Dayang Sumbi, moal lami deui urang baris ngambah bagja. Anjeun baris janten garwa Akang.” Ceuk Sangkuriang, dibarung ku rasa yakin nu nyeceb na dadana.
“Nikah?” Dayang Sumbi némbal dumareuda.
“Kunaon nyai, naha cariosan Akang aya nu lepat? Nyai hoyong buktos?” Témbal Sangkuriang, maca eusi pikiran Dayang Sumbi.
“Teu kunanaon, Kang. Tapi Nyai ngaraos teu acan gembleng, mangmang. Nyai hoyong buktos nu nyata. Tos aya kana ratusna lalaki nu hoyong nyangking Nyai, tapi sadayana sami baé, taya nu buktos, ukur hawa nafsu. Ukur ngudag kageulisan, teu dibarung ku cinta nu enya-enya.” Dayang Sumbi sabenerna kagét, naha Sangkuriang bangun ngarti kana eusi pikirna.
“Tangtos, Nyai téh kawilang béntang nu pangcaangna di jomantara, ogé di haté Akang. Nyai, sebatkeun baé naon kahoyong téh. Akang baris nyumponan, demi Nyai, sagala rupa kahoyong tangtos tinekanan. Akang Sangkuriang, lalaki nu gagah sakti, baris toh pati ukur kanggo salira Nyai. Hoyong buktos naon atuh Nyai téh? Hoyong talaga sareng parahu?” Sangkuriang imut, ngagelenyu, teuteupna anteb niruk jajantung Dayang Sumbi nu katohian deui baé eusi haténa.
“Nyai percanten, ka Akang. Mung, Nyai hoyong buktos. Akang kedah tiasa ngabendung Citarum janten talaga. Ngadamel parahu kanggo urang duaan lalayaran, bulan madu saparantosna nikahan. Naha Akang sanggem?” Témbal Dayang Sumbi, dibarung ku haté nu kebek rupa-rupa patanyaan, naha Sangkuriang bisa ngabadé kahayangna?
“Éta hungkul, teu aya nu sanés, Nyai?” Sangkuriang mésem, ti baheula gé éta paménta téh kuduna katedunan, tapi orokaya Dayang Sumbi mesat karémbong kabuyutan. Peuting sapada harita jadi beurang, caang ku cahaya gumilang, Sangkuriang ukur bisa balilihan, nyeungceurikan cinta nu ngayang jadi tatal.
Sangkuriang imut deui, ayeuna manéhna moal katipu, moal kaperdaya. “Nyai, sagala rupi kahoyong ayeuna kénéh baris dicumponan ku Akang. Tapi sateuacana, Akang badé nambut karémbong Nyai. Supados akang sumanget ngabendung Citarum.” Sangkuriang ngasongkeun leungeun, ménta karémbong nu nyampai na taktak Dayang Sumbi.
“Mangga Kang, hapunten Nyai téu tiasa nyarengan. Mugi ieu karémbong tiasa janten réncang, muga tarékah Akang tinekanan.” Dayang Sumbi masrahkeun karémbong. Teu pira, ukur karémbong, rék dibérekeun atawa hanteu, ceuk pamikirna Sangkuriang moal bisa nyumponan kahayangna.
Karémbong geus kacangking, Sangkuriang bungangang. Ayeuna Dayang Sumbi moal bisa merdaya manéhna. Wanci nu simpé salila saratus milénia, moal lila deui bakal kabayar ku cinta nu mangkak ligar. Simpé bakal nyinglar, digempur ku asmara nu hibar.
Di sisi Citarum, Sangkuriang ngamat rébuan jin, ngerahkeun bangsa lelembut, jurig jeung dedemit. Kabéh dikerjabaktikeun, sangkan gagancangan ngabendung Citarum, jeung nyieun parahu. Sangkuriang ogé ngetrukkeun sagala rupa élmu kasaktén, bebelesatan, jojorélatan tihothat ngabendung Citarum, jeung nyieun parahu.
Teu kungsi lila, sagala paménta geus laksana. Talaga ngayapak upluk-aplak, caina ngagenclang hérang, ting gurilap katojo ku sinar bentang jeung bulan. Parahu kayu nu tohaga ngajungkiring agréng, angkleung-angkleungan di talaga.
Sangkuriang nyalakatak, seuri pinuh kabagjaan. “Nyai, hayu urang ka talaga. Sagala rupa kahoyong Nyai tos ditedunan.” Ceuk Sangkuriang, basa dina mangsa nu ukur sakiceup, manéhna ninggalkeun talaga, tuluy pindah ka imah Dayang Sumbi.
Simpé, taya nu némbalan.
“Nyai? Gugah Nyai, ieu Akang.” Sangkuriang asup ka imah Dayang Sumbi.
Suwung, di imah taya sasaha.
“Nyai, ka mana anjeun, Nyai?”
Sangkuriang ambon sorangan, ukur dirapék ku simpé nu nalaga. Di jero imah ukur aya rohang kosong jeung lampu cempleu nu kakalicesan. Sangkuriang muterkeun teuteup, salambar surat tina lawon bodas katémbong ngagantung na bilik conggang.
Anjeun moal bisa deui nepungan Ema, kitu deui Ema, moal balik deui ka wanci ayeuna. Pileuleuyan Sangkuriang, anaking.
Dayang Sumbi tunggang mesin waktu ngabelesur ka jomantara, anjeucleu muru jaman nu lian. Mangprung, teuing indit ka jaman anu mana.
Bandung, 25 Januari 2013
Belum ada tanggapan untuk "Sangkuriang Ninun Wanci (Mangle)"
Post a Comment
Berkomentar memakai akun Blogger akan lebih cepat ditanggapi, berkomentar memakai akun Facebook tergantung radar :D Terima kasih telah berkomentar